Tuh .. geuning..

Di Jawa Timur mah aya sakola nu rusuh gara-gara UN teh...
di Depok mah loba nu teu mariluan UN da sarieuneun,
ngarasa teu pede, pesimis, jeung percumah cnah..

Sakola mangtaun-taun, kudu bayaran inih ituh,
kudu ngongkos, kudu jarajan, tungtungna jadi sararieun 
kitu. Tuluy kumaha engkena ?

Tanya...kunaha ?


-Dul-


--- In [email protected], "denysuwarja2k" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Heuheuheu, ieuh…. Bisi harayang nyaho.
> Sabenerna mah UN teh bohong eta the…. Da anu sakanyaho uing mah anu
> ngerjakeun UN teh "tim sukses" nyaeta guru2 anu geus ditunjuk ku 
kepsek
> Ngerjakeun atawa ngeusian atawan menerkeun jawaban barudakna!
> Uing pernah ngalaporkeun ieu kacurangan, ngahaja indit sorangan ka
> Jakarta ka Diknas…. Ari pek kalah uing dicarekan!
> Majarkeun uing, akon2!!!! Ngawadul teu mawa data statistik.  
Majarkeun
> teh data empiris mah teu bisa dijadikeun bukti dina pangadilan!
> Uing nepi ka ceurik tah harita di diknas!
> Taun ayeuna oge, uing mah yakin sakin-yakinna pasti bakal kajadian
> siga taun kamari.
> Para guru anu cenah pendidik dan berahlak mulya teh, 
bakal "ngabantu"
> (uing mah nyebutna "ngajurumuskeun") murid2na kusagala cara.
> Ari uing mah rumasa guru teu bener, nepi ka sabulan ieu wae geus
> dipanggil ku kepsek nepi ka 3 kali. Majar the: "Ari ngawas UN ulah
> ketat teuing!"
> Kuring mah ukur bisa ngajawab, da abdi mah ukur ngalaksanakeun 
tugas
> sesuai jeung aturan kang!
> 
> 
> Sedih, UN uing panuju pisan lamun UN dibubarkeun tong diayakeun 
deui.
> Loba madorotna daripada alusna!Ukur ngabohongan murid, guru, kolot
> murid,ari pamarentah (menteri) mah puguh deui da resep ari aya anu
> ngawadul teh!  Da maranehna tukang ngawadul! Henteu we jiga kang 
NDUL
> TUKANG NGORONG! HEUHEUHEUHEUHEUHEU
> 
> Deny
> 



Kirim email ke