rampes kang Rahid...,
naon anu dipedar ku kang Maman ulah matak jadi nyeri hate kang,
jadikeun wae pamecut atawa pangaweruh pikeun urang. sim abdi reueus
akang geus janten PNS anu mana bisa babakti ka nagara, wilujeng
kang...
Akang ngarasa disapirakeun pedah basa mimiti asup ka babakan Kusnet
teu aya nu ngabagiakeun majarkeun teu cara lamun aya awewe asup
langsung pada nyambut, nya hapunten wae atuh, keun ku abdi ayeuna
dihaturanan linggih atuh dibabakan Kusnet mugia betah tumaninah sareng
ulah pundungan nya....hehehe...(ku diaprovena email akang ka Kusnet
eta hiji tanda akang geus disabut kalayan daria ku ki kuncen ngan teu
pok wungkul....)
teu hilap nepangkeun sim abdi Iim (Boim) kawit ti sumedang/bandung
ayeuna keur buburuh jadi kuli di Bandung.
eh...ari akang saha nu saleresna sareng kawit ti mana....?
cag...ah, nuhun kang.

"kkbm'69"


On 4/20/07, arahid_76 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sampurasun. kuring mari maca email tentang PNS. ku kuring karasa pisan
> aya diskriminasi di babakan kusnet. kahiji kuring lalaki, kadua kuring
> pns, waktu kuring nganjang ka babakan kusnet teu aya nu
> ngabageakeun.padahal anu daftar saenggeus kuring mah aya awewe
> langsung pada ngabageakeun. kuring memang pns tapi tong
> disakompetdaunkeun jeung pns lian. pagawean kuring sapopoe nalungtik
> perkara kabahasaan jeung kasastraan kaasup ngeunaan bahasa jeung
> sastra sunda.rampes.
>
>

Kirim email ke