Rampes...Kang Asep.. Punten anu kasuhun, bilih Kang Asep rumaos aya diskriminasi. Dikotektak dina arsip, sihoreng harita aya Kang Iim, salah sa-8 Kuncen anu harita mairan sareng ngabageakeun Kang Asep. * (mangga ditingali di handap)
Di Babakan Kusnet mah teu aya diskriminasi Kang, sumpahna oge. Boh ka PNS, ka pagawe swasta, ka mahasiswa, nepi ka tukang teuing. Soal kurang dibageakeun mah, nuhunkeun dimaklum. Da di babakan mah, puguh hampir sadayana oge salingkuh sareng padamelanana. Jadi wayahna bilih harita seueur baraya boh kumncen, teu sempet ngabageakeun Kang Asep. Wilujeng Kang, mangga tong asa-asa, tong pundungan. diantos postinganana. -Dul- kuncen #8 --- In [email protected], "arahid_76" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > sampurasun. kuring mari maca email tentang PNS. ku kuring karasa pisan > aya diskriminasi di babakan kusnet. kahiji kuring lalaki, kadua kuring > pns, waktu kuring nganjang ka babakan kusnet teu aya nu > ngabageakeun.padahal anu daftar saenggeus kuring mah aya awewe > langsung pada ngabageakeun. kuring memang pns tapi tong > disakompetdaunkeun jeung pns lian. pagawean kuring sapopoe nalungtik > perkara kabahasaan jeung kasastraan kaasup ngeunaan bahasa jeung > sastra sunda.rampes. > * Ieu pangbagea ti Kang Iim.. Re: [Urang Sunda] nepangkeun rampeessssssss....! mangga kang Rahmat kalebet..., ke......ke....anu timana tea nya...? sok geura ngawanohkeun heula atuh.., kawit timana, ayeuna nuju dimana sareng pakasaban...(mun aya) hehehe. nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti sumdang/bandung ayeuna nuju bumen-bumen di dayeuh bandung.... cag...ah, "kkbm'69" On 3/14/07, asep rahmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: sampurasun wilujeng kenal ka sadaya baraya kusnet. wasta simkuring asep rahmat sadidinten nyibuk-nyibukkeun anjeun janten padamel negeri di balai bahasa bandung. simkuring teh nineung pisan kana perkawis kasundaan. ka sadaya wargi kusnet manawi kersa masihan informasi perkawis acara- acara atanapi diskusi kasundaan. cag.

