Eeeuuh... amun kieu kabeh mikirna mah moal beres atuh. engke bakalan kaluar pemikiran lain anu sarua
Ceuk R&D Division: mun euweuh aing, moal baleg kabeh ge, moal bisa nangtukeun langkah kahareup, moal bisa ngaevaluasi kasalahan katukang, jadi moal maju ieu BCA teh. Ceuk Finance Division: Mun euweuh aing, keuangan bakalan teu ka kontrol, trus mun uing mogok ngaluarkeun duit, kabeh divisi pasti ripuh. kawasa aya di leungeun uing! Ceuk Marketing: Mun euweuh uing, ieu Bank moal aya nasabahna. nasabah anu ngahasilkeun duit, jadi mun euweuh nasabah, moal hirup ieu Bank. Ceuk bagean Kredit: Amun euweuh uing, duit nasabah moal bisa digolangkeun, moal ngajadikeun kauntungan ka pausahaan. Ceuk Corporate Social Responsibility Division: Mun euweuh uing, pausahaan ieu bakalan goreng ngaranna di masyarakat. pausahaan ieu moal peka kana kondisi sosial. pasti ku masyarakat di cap pausahaan goreng weh. Ceuk HR Division: Mun lain uing anu milihan jelema, pausahaan ieu moal jiga kieu. trus mun lain uing anu ngagawekeun maneh, pasti maneh ayeuna msh keneh di jalan ngasong2 lamaran. Ceuk Maintenance division: mun lain ku uing di urusna ieu kantor, pasti rarujit, nasabah oge pasti kalabur. Ceuk Security: Mun euweuh uing, pasti pausahaan ieu geus di rampog. pasti geus di bobol... Jeung rea- rea deui pemikiran... Pemikiran anu kieu teh anu bakalan nyieun pausahaan teu bener. aya nu leuwih penting ti kabeh ieu, nyaeta "Kerjasama". jadi ceuk pandangan kuring mah, kabeh divisi teh penting, kabeh kudu aya "sinergi" ngarah bisa "achieve company goal". kabeh divisi, kabeh bagean oge penting, euweuh anu teu penting. kabeh kudu ngahiji, maju babarengan. kabeh boga fungsina masing2 anu teu eleh pentingna. ah, ieu mah saukur tutulisan ketang, teuing ari bener atawa henteuna mah... punten ah, ieu mah lain mamatahan ngojay ka meri atawa mamatahan ngorong ka si Jay. cag ah. -Bohay- On 25/04/07, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hare Geneeeeeee IT dianggap support (pendukung). Please deeeeeeehh.. IT di jaman kiwari mah geus jadi ENABLER, sakali deui E N A B L E R. conto paling gampang mah tong jauh-jauh, milis urangsunda atawa KusNet tea. lamun euweuh IT (information Technology) bisa jalan teu? IT didieu termasuk internet jeung HP. lamun euweuh IT, BCA moal se"nyaman" ayeuna make na. lamun euweuh IT, pasar saham moal up date. lamun euweuh IT........ pokonya mah IT itu ENABLER. On 4/25/07, Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Sing sabar wae kang... da nyarioskeun sakadang "gajih" mah moal aya > cekapna, ditambih fluktuasi dolar.. walah lieur.. > dibere naek gajih oge angger we beuki loba nu dipibutuh.. > > Kuring ngalaman sorangan, jadi kuli di bidang IT mah kedah kuat fisik, > jeung kuat iman.. > contona dina menerkeun database server, atawa email server, nya meureun > kudu buru2 dibereskeun sanajan tepi ka kudu ngendong ngadon begadang di > kantor, tapi lamun diniatkeun ibadah mah alhamdulillah, hate tenang pikiran > caang.. tapi tong hilap ngawartosan ka indung barudak.. bisi melangeun.. > kudu kuat iman? puguh atuh.. ngarana tukang IT, piraku teu bisa muka > email batur? kapan konci admin atawa root aya di maranehanana.. tapi > kujalaran ayana iman, teu ieuh2 rek mukaan urusan batur, rejeki batur, aib > batur, angot tepi ka mukaan lalatx.com ceuk si evalita tea mah.. > > jadi ari dijalanan ku sabar jeung rido mah alhamdulillah, rejeki mah aya > we geuning.. da rizki mah ti Alloh.. > > paralun... hapunten.. sanes mapatahan ngojay ka meri... > > Wassalam, > pun iwan > > >

