hatur nuhun ki. jadi apal nu kumaha honje(combrang) nu kumaha hangasa. da
salami ieu mah ukur apal ngaranna tina buku wungkul. da ari ngaraksuk ka
leuweung mah tara ki. padahal sikuring mah urang leuweung asli. sahenteuna
urut leuweung, leuweung haramay. tapi punten sanes orang utan ;D. lembur nu
aya di tutugan gn balukbuk kaasupan caangna bohlam listrik karak taun 80-an
akhir. telepon kring taun ayeuna. teu aya jalan aspal, nu aya ukur jalan
batu dibanjur karet eta ge dibanjurna karak taun 2006 haha..

saacan telpon krang-kring mah asa rineh lamun mudik teh, teu aya gangguan.
malah kungsi kajongjonan ninggalkeun kuliah nepi ka tilu bulan. babaturan
nyuratan (da eta can aya telpon tea), cenah "ari dudi teh kamana wae, ieu
aya nu sono. iraha ka bogor deui?" eta surat kapanggiheun ku si bapa, nya
rada dicarekan da ngakuna mah masih liburan (nu lila-lila mah rada teu
dipercaya nya diembohan cekeng teh "kuliah mah teu nungtut kahadiran".
padahal mah ngajeblag kahadiran minimal 80% haha.. )

eh naha karah ngadongeng nya ki? punten sadayana

dh
punten bapa ema dudi mah baong
On 4/26/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Leres pisan, sapangalaman yeuh sok ngaraksuk ka leuweung sigahna ayi
Dudi teh? Aya tambihan yeuh, di lebur aki Honje teh buah tangkal comrang,
leres sarumpun sareng Hangasa. Buah honje manggaran(aya gagangan -/+ sameter
jangkungna tina taneuh), dina samanggar aya kana 10-20 buah, honje eta
ageungna sami sareng jempol sampean, naranceb dina manggarna. Rupina
bareureum, rasana haseum, sok dianggo bumbu masak. Buah hangasa kaluar tina
sela-sela tangkalna, dina taneuh, rupina hejo anu ngorana, pami tos asak
rupi luarna coklat. bentukna lonjong sapertos kembang cau (jantung) aya
lapis-lapis luar dugi ka lebetna. diantawis lapisan aya buahna mangrupi
bungkusan aralit nyarelap/naranceb, di lebetna aya siki-siki anu amis pisan
tur seungit. Sakitu pangalaman aki nuju alit kapungkur.

**

___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke