baheula jamana smp9 di jalan semar nyingcet aya uhat tapuk angrapangis, da kitu 
anu kasebut
halah halah.
 

-----Original Message-----
From: surtiwa surtiwa [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, April 26, 2007 12:32 PM
To: [EMAIL PROTECTED]; [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Kupat Tahu



basa abdi di SR di bandfung anu katohyan Kupat tahu
bandung teh nyaeta Kupat sareng tahu goreng sareng
Toge kulub nganggo samacam bungbu kari,diawuran
kurupuk beureum. basa minggu pengker abdi ka Bandung
dipilarian teh eta Kupat tahu teh seueur geuning
versina ayeuna mah. palng henteu aya 3 golongan
ageung;

1. Kupat Tahu bungbu kuah kari. Kupat, tahu goreng,
toge kulub, kurupuk beureum, bawang beureum goreng.
versina aya anu ditambihan sohun atanapi mihun. Kupat
Tahu model kieu teh cenah kawitna mucunghulti daerah
Padalarang.Mun di Jakarta..saderekna teh mirip nyaeta
Ketupat Sayur, Lontong sayur.

2. Kupat Tahu bungbu kacang (suuk). Kupat, tahu
goreng, toge kulub, kurupuk beureum. Bungbu kacangna
mirip2 bungbu lotek atanapi gado2. Di Lembang cikurna
dileuwihan..janten rasa2 jajamu. Di Jakarta namina
Ketoprak (bungbu suukna ngango bawang bodas sakedik
direkuh). Kupat Tahu model kieu teh cenah kawitna ti
daerah Tasik/Singaparna.

3. Kupat Tahu Petis. Kupat, Tahu goreng, Toge kulub.
Bungbuna suuk nganggo petis (atah). Di bandung tos aya
awal tahun50 an. Saderekna ti Jawa Wetan/Tengah
Surabaya, Magelang,jrrd.

Engke meueun aya versi sanes urang tunguan wae...

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail. <http://mail.yahoo.com> yahoo.com 


 

Kirim email ke