cek si kuring nu di pasantrena ngan purah meakeun liwet, eta kitu teu
murtad. sabab nu jadi masalah ngan ukur harti atawa tarjamahan tina
kalimat Qu'ran. malah eta sikep teh kritis, salaku mahluk nu boga jeung
make akal pikiran. islam bisa diudag ku akal. mun teu bisa, pikiran urang
can nepi.

tapi ke heula, sanes resep ka istri? hayang nyandung bari bebas
diomongkeun batur model Aa Gym? hihi.

cara nerjemahkeun basa arab nu dihartikeun 'bidadari' eta cek kang Irfan
Anshory dina Cupumanik bulan2 kaliwat, salah. cenah mah sabenerna kecap
arab eta teh teu nunjuk kana hiji jender, tapi netral. ngan ku sabab dunya
teh dikuasa patriarki alias dunya lalaki, nya dijenderan (dibere parabot
reproduksi), jadi istri, bidadari. cenah hartina sabenerna mah ngan ukur
batur/teman.

cek pikiran kuring nu oge teu pati eucreug bisa jadi dikadinyakeun hartina
ku ulama nu hirup di komunitas nu dikuasa ku lalaki, siga masyrakat Arab.
ari model atawa konsep naraka jeung sorga mah bisa oge perlambang. yen
hade goreng aya balesna. hirup di dunya oge model kitu. mun ngalakukeun
salah, di penjara-hirup cilaka, mun hade, nya meureun meunang
bonus/hadiah, minimal hirup salamet.

carita salaku model atikan
jelema teh hirup ti baheula bari prosesna angger kitu. ti balita nu
primitif, terus mekar jadi budak, pamuda, jeung saterusna. perkembangan
pikiran atawa akal oge kitu. tingali we budak nu can hideng, beda kalakuan
atawa adatna jeung nu geus hideng atawa baleg. tah cara ngajar ka jelema
oge kitu. disaluyukeun jeung kamampu uteuk jeung perkembanganana. cenah,
baheula, jelema teh resep dibere pelajaran ku mangrupa carita. di india
aya maharabata jeung ramayana tea-sabenerna eta carita cenah ajaran hindu.
masing2 nu apal carita eta jadi baroga kanyaho soal adat goreng adat alus
nu diwakilan ku hiji dua tokoh/karakter. tapi sabab jelema mah boga adat
ngistimewakeun hiji hal nu cocog jeung hate (siga fans. bobotoh) tokoh2
eta malah dijaradikeun dewa atawa sesembahan, bari satekah polah diconto
kalakuanana-da alus tea. dina carita eta, salian ti aya tokoh soleh, oge
aya nu jahat. duanana mangrupa pilihan atawa picontoeun, kaasup pangbibita
oge, rek milih nu mana pikeun dipake panutan enggoning ngalalakon di ieu
dunya.

konsep pangeran
ayeuna mah, sok we taros hate atawa pikiran. ari pangeran kumaha?
kalolobana baroga bayangan siga berhala. haha. sabab manusa sok neangan
kamiripan hiji perkara ku perkara nu geus katewak pikiran jeung parasaan
oge kayakinan. Islam agama nu sukses ngabstraksi konsep pangeran, pangeran
teu dirupakeunka hiji perkara, siga nu aya di konsep pangeran karesten
atawa katolik. maranehna marake simbol yesus disalib, di agama india aya
patung dewa, jsb. di islam teu aya jeung teu meunang. boroning gambaran
pangeran, dalah nabi oge haram digambar atawa dibayangkeun dina bentuk
gambar atawa patung.

kunci konsep pangeran aya dina surat Qulhu (al ihlas).


ah, ieu mah ngawadul. geus ah bisa loba salahna.
---------

Ku kuring dipikiran, tepi ka ayeuna.
Enya da sakapeung mah sok rada mikir nu araranéh, misalna urang nahan
teu <punten> ngalacur, naha éta téh kulantaran sieun dosa? sangkan asup
sawarga? da kapan cenah di sawarga mah disadiakeun bidadari2 nu gareulis
tur salawasna parawan.. ari kitu mah meureun ibadah téh ukur 'nabung'
pikeun sangkan urang engké tiasa 'muaskeun napsu' di sawarga...
Jadi kuring sakapeung sok rada 'teu panuju' kana sistem 'pahala' jeung
'surga' ieu téh.. Tapi sanajan kitu kuring tetep percaya ku ayana 'hari
akhir', jeung kuring percaya yen takdir Alloh oge berlaku di hari akhir,
da sadayana oge milik AnjeunNa.

Tah, lamun kuring aya pamikiran siga kitu, urang kaasup murtad teu??
lamun enya téh aduh.. ampun Gusti......

mj

http://geocities.com/mangjamal




Kirim email ke