Wa'alaikum salam Wr. Wb. wilujeng sumping di babakan Kusnet, Neng ... Nepangkeun abdi Ndoell, pameget, kasep. Kawit ti Kuningan, ayeuna damel di Jakarta janten Tukang teuing. Tapi pami sare mah angger di bumi, da ka bulan mah tebih...
Perkawis sisilatan mah abdi teu apal.. kumargi basa pelajaran eta teh, abdi mah teu lebet. duka nu sanes mah. Cik nu apal mangga ngacung... Mangga, sing betah tumaninah, tong asa-asa di ieu babakan, mugia sing aya mangpaat sareng bipaatna keur urang sadaya. -dul- Kuncen #8 --- In [email protected], "Nurjamila" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alaikum wrwb. > > Nepangkeun abdi Banis, kawit ti Bandung, ayeuna damel di Jakarta, > sakantor sareng kang Yayan, nu ngenalkeun ka milist urangsunda ieu. > > Bade tumaros sakedik, aya istilah basa sunda nu teu kahartos ku sim > kuring perkawis Silat Buhun, nyaeta: > 1. "Sok loba nu nyebutkeun ieu teh silat Cikalong, tapi jurusna geus > rarobah, anu robah saeutik, anu loba, atawa jadi ngalobaan." > 2. "Ulah hayang beresih ari jual beli mah, aya nu nawar, aya nu meuli, > keun bae kabeunangan mah, ngan batur kudu leuwih ripuh." > > Punten pisan nyuhunkeun terjemahan anu lengkep tina kalimah diluhur. > Sareng filosofina mun tiasa. Hatur nuhun sateuacanna. > > Wassalam, > Neng Banis >

