Manawi teu kaabotan, bade ngadugikeun pamendak ngeunana tarjamahan garis 
bujur sareng garis lintang.
   
  
   Koordinat      geografi garis bujur (longitude) kawitna muncul akibat 
kabutuhan para      kolonialis (hususna Inggris) kanggo nangtoskeun beda waktu 
antawis      nagarana (Inggris) sareng daerah kolonina (upamina wae India). 
Garis      bujur 0 darajat dikawitan ti kota Greenwich, Inggris.      Kumargi 
maksad didamelna istilah garis bajur the kanggo nagtoskeun waktos,      kumaha 
upami diterjemahkeun wae kana basa Sunda sabage garis waktu atanapi      garis 
kala.
   
  
   Koordinat      geografi garis lintang pakait sareng musim. Upami kota Sampit 
aya dina garis 0 darajat,      pasti gaduh sifat musim anu sami sareng tempat 
sanesna anu kalangkungan ku      garis 0 darajat, nyaeta sami-sami tropis. Pon 
kitu deui sababaraha tempat      di Finlandia gaduh sifat musim anu sami sareng 
Kanada pali kaler kumargi kalangkungan      ku garis lintang anu sami. Ku 
kituna, kumaha upami garis lintang      ditarjamahkeun kana basa Sunda sabage 
garis musim.
   
  Salamna,
  Asep
  

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
 

Sababaraha waktos kapengker sim kuring nyobian  nyerat artikel perkawis Satelit 
Telkom dina basa Sunda, palebah narjamahkeun  istilah Bujur Timur (posisi 
satelit) kana basa Sunda weleh teu mendak kedah  naon, teras we ngintun SMS ka 
budayawan Sunda naroskeun sugan we aya istilah anu  sae dina basa Sunda, na 
jawabanana teh lah tetep we kitu asal ulah  ditarjamahkeun janten "bujur randa" 
we saurna teh. Heu heu...!!
 Dugi ka ayeuna eta artikel teu beres-beres, magol  keneh da kahalangan 
ku........bujur.....randa........"
  
 MSasmita
  
  
    ----- Original Message ----- 
   From:    Djakaria Purawidjaja 
   To: [email protected] 
   Sent: Sunday, May 06, 2007 11:26 AM
   Subject: Re: [Urang Sunda] Pangajak ka    anu sasama
      Kahatur saderek MSasmita,
   Tah geuning nyanggut useup teh. Nya tangtos yuswa ayi oge tiasa kalebet    
sasama, mung kanggo info wae, danget ieu sim kuring tos nincak umur 68 taun,    
kalahiran 31 Maret 1939, domisili eh padumukan di Jakarta tapi sering oge ka    
Bandung, margi pun bojo urang Bandung , abdi urang Taskmalaya. Perkawis    anu 
disebatkeun" Sunda sareng teknologi " oge nyambung, margi sim kuring    kantos 
icikibung dina teknologi, khususna teknologi Komunikasi elektronika.    Namung 
ari karesep mah teu kauger ku teknologi wungkul aya oge anu sanesna,    
antawisna basa, budaya, kalebet sajarah , atuh kana maos mah kareseo oge.    
Saheulaanan sakieu heula,
    Baktosna DP.




      .

 
  
     
                       

 
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.

Kirim email ke