Ningali tina imelna Neng Gia..
jigana postingan ti milis sejen tuluy langsung ditangkodkeun 
bae (diattachment. Kedahna mah diedit heula, piceunan
heula runtahna ... nya ? da bageur...

carana :
1. Klik Forward
2. Pilih as inline text (tong milih as attachment)
3. Edit
4. Kintun 

Kitu..

Trus..ieu mah pepeling we keur sadayana..

Apan geuning sok mindeng kenging imel nu kenging diforward
ti batur, trus eta alamat imel batur teh meni ngambai, ngelai,
nepi ka ngacai.
Komo deui, sakapeung sok aya nu ngirim attachment mangrupa 
gambar. Cik atuh, ari sakirana teu aya pakuat-pakait sareng
Kukusnetan mah tong dikirimkeun.

Nu matak nu kararitu mah ku sim kuring langsung we ditajong
tara diabuskeun kana milis. punten we.
Jadi wayahna sing ngartos we sorangan, da tos arageung.

Salian ngangganggu, oge karunya ka anu akses internetna 
ngeteyep, bisi beurateun muka imel nu ditangkodan ku anu teu
aya mangpaat sareng bipaatna.

okeh ?

-dul-
kuncen #8


--- In [email protected], Lygia Nostalina 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hahahahahhaha....wios lah..lumayan
> da sanes abdi wae nu kitu na ge...=))
> 
> -LN-
> 
> 
> Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
>  hag siah.. téh gia diseuseulan...
>  
>  kadé ah kang, biasana engké dipegat balik ngaji, di péngkolan 
caket 
>  kebon eurih..
>  
>  hihi..
>  
>  kumincir wrote:
>  > Tah... upami neruskeun surelek ti nu sanes, atuh saena mah 
dirarapih 
>  > heula, ulah dugi ka ngaberendel panjang tapi teu puguh 
bentukna. Eusi2 
>  > anu teu penting mah saena dihapus bae, ngarah raos katingalna. 
heheh...
>  > 
>  > Upami forward, langkung sae diberesihan heula eusi2 anu teu 
perluna.
>  > 



Kirim email ke