Aeh punten hilap, naha beut nyebat uwa nya, padahal biasana nyebat teh apih.
Kaemutan wae tadi sajajalan ti kantor ka rorompok teh. Naha tiasa hilap.
Kumargi apih Sidik urang Cianjur, pribados bade tumaros ngeunaan tembang
Sunda Cianjuran. Hoyong terang, naon bentenna Cianjuran sareng mamaos? Teras
Dalem Pancaniti, anu nyiptekeun Cianjuran, saurna gaduh gedong anu disebat
pancaniti. Naon maksadna pancaniti teh? Hatur nuhun sateuacanna kanggo infona.
Baktos
Asep
(sebat wae Asep atanapi kang Asep)
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan oge cep Asep....., kumaha damang...?
nyaeta akhir-akhir ieu teh ampir unggal dinten pakepuk saparantos
aya rotasi padamel, kaleresan kabagean di urusan Konsuler, anu unggal dinten
ngalayanan para TKI.
ssw
Asep Hadiyana [EMAIL PROTECTED]
Haturan wa Siddik,
Sono lami henteu maos seratan wa Sidik.
Info ti wa sidik sareng kang Gunawan luyu sareng anu ku pribados serat dina
http://en.wikipedia.org/wiki/Kingdom_of_Sunda, dumasar kiriman kang Budi
Hanurawan anu teras dilengkepan ku info (data penguat) sanesna ku pribados, anu
unina:
Salakanagara
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
---------------------------------
Food fight? Enjoy some healthy debate
in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A.