ABRI oge manusa ! Maksadna sarua wae jeung
rocker..jeung anu resep jalan dina bahu jalan..maenya
sipilwae anu ngalanggar teh...bagi2 ah...anu resep
ngalanggar...!

--- Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Enya puguhan tapi ari ka anggota ABRI anu sejenna
> henteu wanian nyarekan atawa nilang. Geus papada
> nyaho yen urang teh teu meunang ngalaju tutumpakan
> dina bahu jalan (utamina di jalan tol), tapi sim
> kuring mindeng nempo aya mobil plat no aparat
> pamarentahan (ABRI) (punten ka uwa Djaka) anu
> sangeunahna bae ngajalankeun mobilna dina bahu jalan
> padahal loba pak pulisi anu keur patroli tapi polisi
> teu wanieun nyarek. Dina hiji mangsa mah di tol
> Gatsu ngarayap rada macet tapi eueweuh mobil anu
> laju dina bahu jalan na ari biur teh mobil plat ABRI
> sangeunahna ngaliwat dina bahu jalan atuh terus bae
> aya anu nurutan ngudag tukangeunnana. Ti kajauhan
> katempo aya pulisi keur patroli eeee anu ditilang
> teh eta mobil anu tukangeun mobil tangtaya, ari
> mobil tangtayana mah terus bae laju bari asup
> katengah sakeudeung tapi biur deui bae dina bahu
> jalanna.
>    
>   Kasimpulannana mah emang geus kitu bae meureun
> adatna rumasa aing jadi aparat meunang ngalanggar
> aturan padahal meureun anu sakuduna mah nyontoan ka
> rahayat. Sanes kitu!! Saneeeeeees atuh kumaha aing
> we.
>    
>    
>   WAG
>    
>   
> Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>             Henteu kombes, henteu kopral, meni
> hararese upami urusan sareng militer atanapi pulisi
> mah, nya teh?
>   
> 
>   Pangalaman teh Roro tiasa dijantenkeun pelajaran
> kanggo menangani urusan sareng militer / pulisi.
> 
>   
> 
>   Abdi oge gaduh dongeng nyaeta dina dinten ahad
> sababaraha taun kapengker. Kajantenannana mobil abdi
> mundur waktos liren dina tanjakan jalan Kalibata,
> payuneun lampu lalulintas, teras nabrak hulu mobil
> beus angkutan jemputan tantara / karyawan dephan,
> mung nabrakna henteu tarik aris laun pisan.
> 
>   Supir beus (jigana mah sipil) teh nididan; dijawab
> ku abdi teh ku gupay saparantos muka kaca jandela,
> sanes gupay katresna tapi gupay nyuhunkeun
> dihapunten. 
>   
>   Saparantos lampu hejo, abdi mengkol ka kenca ka
> jalan Dewi Sartika. Henteu dinyana mobil tantara teh
> ngudag bari nididan. Atuh abdi teh nyisi teras turun
> ka luar mobil. Mobil tantara oge nyisi teras liren.
> Kawawang teh garwana supir nyarekan bari tutunjuk.
> Supir na oge molotot ngan teu seueur carios jiga
> garwana. Abdi enggal neda dihapunten sareng
> ngajelaskeun yen nabrak teh henteu dihaja kumargi
> jalanna mudun sareng remna kirang pakem, langkung ti
> eta mobil beus tantarana oge da teu lecet-lecet
> acan. Saparantos dijelaskeun kitu, supirna ngamaphum
> teras nyarios “lain kali hati-hati yah!”. “Iyah,
> terima kasih pak”. Alhamdulillah, urusanna henteu
> kapapanjangan.
> 
> Namung tina kajantenan eta, tiasa ditarik kacindekan
> yen urang sipil (kalebet orang terdekatnya” misalna
> garwa supir dina kajantenan ieu) anu caket sareng
> militer atanapi fasilitas militer gaduh kacondongan
> kana jumawa / arogan oge.
> 
> Tah kitu dongeng abdi mah.  
> 
>   Wassalamualaikum wr. wb.,
>   Asep
> 
> 
> 
> Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:      
>   Pami ningali tina alamat korban, Ms. Jeannie
> Kiagoes sanés jalmi samanéa kedahna mah tiasa
> ngalacak sareng milarian info kedah kamana
> nyanggakeun kuitansina. Komo tos pararuguh mobil
> carens abu-abu biasana mobil dines, anjeuna KOMBES,
> nya sumpingan wé ka kantorna...
> Abdi gé badé ngadongéng ah…punten nganggé basa
> cohag, nyanggakeun, mugia mangpaat.
>    
>   Sabab musabab kacilakaan keur nyupiran di jalan
> salian ti kandaraanana (Sundana?) jeung jalana
> ruksak, nyupirna bari ngebut, tunduh jeung mabok,
> kuring hayang nambahan hiji deui nyaéta tong
> bobogohan bari nyupiran. Naon sababna??? 
>  
> Kajadian ieu karandapan di taun 2004 ku adi bungsu
> kuring nu karék bisa nyupiran mobil. Harita wanci
> reup-reupan, jaba tas hujan gedé, adi kuring
> nginjeum mobil nu lanceukna (adi kuring nu kadua)
> keur nganteur kabogohna balik ka imahna. 
>  
> Teu lila, aya telepon ti adi kuring bari ngadégdég,
> ”Ceu, kuring nabrak mobil batur ti tukang, jalmana
> ngamuk, rék ka imah ayeuna!” …Innalillahi wa inna
> ilaihi roojiuun…awak kuring langsung leuleus euweuh
> tangan pangawasa, gék diuk dina korsi bari
> ngahuleng. Komo, indung kuring langsung pias, rawah
> riwih ciga nu rék ceurik. Kuring béakeun mikir, kudu
> kumaha? Walah…timana kuring ngaganti mobil nu
> ruksak? Mangkaningan keur meujeuhna paceklik, can
> gajihan? Adi kuring nu boga mobilna geus samutut
> bari ngutruk, baroraah bisa dipéntaan keur
> ngagantian, ambek wé nu aya.
>  
> Reg, mobil adi kuring eureun hareupeun imah, disusul
> mobil hiji deui diparkir di lapangan poli, Mazda MR
> ’94 kelir hideung platna oranyeu dikurilingan ku
> gurat konéng, teu salah deui mobil dines HANKAM!
> Teuing kunaon, ujug2 ngagerentes dina haté,
> Alhamdulillah nuhun Gusti, mobil dines
> geuning….héhéh, geus dibéré cilaka masih kénéh
> nganuhunkeun. Lain kunanaon…sugan jeung sugan mobil
> dines mah bisa saeutik ngagantianana.
>  
> Sup adi kuring, kabogohna jeung dua korban nu
> mobilna katabrak ka tepas. Nu hiji ngora kénéh,
> rambutna cepak, nu hijina deui geus kolot rada
> lintuh ngelapan beungeut ku saputangan da kahujanan.
> Sanggeus sung song sasalaman bari jamedud oge,
> kasopanan mah kudu pan? Sanggeus ngabetem sababaraha
> lila, der wéh kukuring ditanyakeun kajadianana
> pangna bisa tabrakan. Sihoréng adi kuring téh
> geumpeur aya mojang geulis, hérang méncrang di
> gigireunana, teu ngarasa yén jalanna leueur tas
> hujan. Keur asyik ngawangkong jeung kabogohna, bari
> teu ngatur lolongkrang jeung nu hareupeun…ujug2
> jedak! Ditambah deuih teu mawa SIM da tinggaleun. 
>  
> Ari nu katabrakna, nyaritakeun yen maranéhna keur
> ngajugjug ka Soréang rék nepungan dulurna. Manéhna
> nyarékan ka adi kuring meuni laklak dasar jeung
> ménta ganti rugi, ampir-ampiran ditonjok (ceuk
> kabogoh adi kuring). Nya kitu deui salila
> babadiamian jeung kuring, napsu tamu nu ngorana
> angger ngagugudag! Siga nu rék ngerekeb-ngerekeb waé
> ka adi kuring. Salila badami téh, si tamu nu gendut
> teu weléh kukurilingan panonna ningali kaayaan. Bréh
> téh poto Bapa kuring maké baju dines jeung
> babaturanana, manehna rada leuleuy. Indung kuring
> nerangkeun, yén bapa kuring gé tentara tapi geus
> maot.
>  
> “Supados jéntré mana nu reksakna, sareng kedah
> sabara abdi ngagentosna urang sauran wé atuh
> tatanggi abdi nu gaduh bengkél,” ceuk kuring usul da
> teu ngarti deuih kana urusan momobilan. Maranéhna
> nyatujuan. Wah, nya wé…mobil dines téh kentob
> tukangna péngok ditanduk ku beusi paragi ngahalangan
> bémper (Protect Bumper) alias tanduk mobil adi
> kuring. 
>  
> Sanggeus ditingali, ditelek-telek, dikira-kira kudu
> sabarahaeun, tatangga kuring ngomong,”Mmmm…Pak pami
> badé dikabéngkélkeun ayeuna mangga, ku abdi
> dilereskeun”. Kuring nawarkeun dioméan harita kénéh
> di béngkél tatangga kuring méh kanyahoan béak
> sabaraha-sabarahana. Maranéhna keukeuh da mobil
> dines, kudu harita kénéh dibawa balik ka Jakarta.
> Kuring angger boga curiga, sieun ditipu digedéan
> mayar karugian, ari maranéhna keukeuh mbung dioméan
> di Bandung. Tungtungnamah disaksian ku tatangga
> kuring, mobil manéhna dibawa ka Jakarta, kuring kudu
> ngagantian karugian ditransfér sanggeus gajihan Rp.
> 600.000,- 
>  
> Karék inget, ceuk Bapa kuring (jenatna) mun aya nu
> ngaku-ngaku ABRI/Polisi pénta kartu anggotana. Nya
> ku kuring maranéhna dipénta KTP jeung kartu anggota.
> 
> “Cik manéh mawa teu?” ceuk nu gendut kanu ngora.
> “Ah, nggeus nu manéh we atuh”. Ceuk nu ngora kanu
> gendut (Harrr…kalahka patuduh-tuduh?).
> Song wéh diasongkeun kartu leutik, sihoréng lain
> kartu anggota tapi kartu ngaran. 
> Letkol (Laut) D dinesna di MABES Cilangkap. Nya,
> kapaksa wé kuring percaya. Manéhna dibéré kartunama
> kuring, bari ménta no HP. “Teu gaduh HP Pak?...”
> ceuk kuring da sieun dipaké teu puguh, “Moal nya teu
> gaduh HP wayah kieu?” ceuk manéhna deui teu
> percayaeun. Tungtungna ku kuring dibéré no telepon
> imah. 
>  
> Saminggu sanggeus kajadian éta, aya fax asup ka
> komputer kuring. Manéhna nagih, tapi aya perincian
> biaya karuksakan mobil jumlahna ngagedéan, teu
> kira-kira jadi 2 juta! Tuh, bener rarasaan kuring
> teu salah pasti ditaékeun. Atuh puguh, kuring
> geumpeur kacida…duitna timana?! Kuring langsung
> nelepon ka kantorna, teu diangkat. Ka imahna teu
> diangkat. Wah, ieu no telepon palsu cigana! Fax
> kadua 
=== message truncated ===



 
____________________________________________________________________________________
8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time 
with the Yahoo! Search movie showtime shortcut.
http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/#news

Kirim email ke