heuheu...sabenerna Don Murdono wetanna satengah. cek beja mah ibuna pituin
Sumedang. sigana faktor eta nu ngajadikeun manehna wani kamari nyalonkeun
karep jadi bupati SMD. da mun meles2 urang wetan mah piraku diparilih ku
dprd smd, sanajan manehna dipilih dprd ku instruksi ti mega salaku ketua
pdip.

mun gawena hade, meureun babakti ka lembur indung. mun goreng, nya
bangkawarah eta mah. haha.

dina majalah Ujung Galuh ti ua Sas, di Sumedang, utamana
di yayasan pangeran sumedang, ayeuna aya tarekah rek nyieun replika karaton
karajaan sunda sumedang. hade pisan tah. eta kaci jadi salah sahiji solusi,
minimal pikeun ngahudangkeun kareueus sangkan politik identitas nguat.


On 5/14/07, kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Mang asana kuringteh apanan lain turunan menak apanan anu ngingetan kuring
menak sunda teh lain amang sorangan, kuring oge dek ngabuktikeun yen kuring
menak ti sumedang tapina waktu ayeunamah can bisa walakaya, soalna can dawuh
meureun lamun kuring ulubiung icikibung di dunya pulitik.
lamun sakirana kuring bisa dipercaya jadi ais pangampih di sumedang kuring
moal ngalalaworakeun amanat kuring sorangan, tapi kuring nanya kadiri kuring
sorangan naha aya watek atawa bakat lamun jadi ais pangampih, jeung dek
kumaha carana kuring balewatangan icikibung kadunya anu waktuayeuna
harengheng tiiss jahe, da ari tedakmah meuerun kabeh jalma aya. ngan aya anu
kajalanan jeung henteu.

sugan aya bongbolongan ti amang geuning kieu wae sumedang teh komo ayeuna
anu jadi ais pagampihna urang wetan kawas beak wae menak ti sumedang.

baktos kuncen kasep
darmaraja/sumedang

---:18 AM

> .
>
>


--
geocities.com/ mangjamal <http://geocities.com/mangjamal>


------------------------------
Bored stiff? <http://us.rd.yahoo.com/evt=49935/*http://games.yahoo.com>Loosen 
up...
Download and play hundreds of games for 
free<http://us.rd.yahoo.com/evt=49935/*http://games.yahoo.com>on Yahoo! Games.





--
geocities.com/mangjamal

Kirim email ke