Sami2 teh Ika, Haturnuhun.... Salresna mah Sami Simkuring oge, nya kadinya srek na ma teh,(srek saur hate abdi eta mah) mung ieu teh hoyong ngakalan heula kumaha carana supaya eta bumi Perkemahan Kiara Payung teh janten Caket, kasorang ku Angkutan he..he...maksadna, soalna salah sahiji syarat tempat kanggo HBH teh nyaeta kasorang ku Angkutan Umum, tapi kadinya oge aya angkutan umum mah tapi Ojeg nya?!he..he...enya sugan we aya diantara baraya anu rido masihan nambut mobilna kanggo angkutan peserta HBH,atanapi aya waragadna kanggo Nyewa mobil pikeun ngangkutan para tatamu ti Jatinangor ka Bumi perkemahan Kiara Payungna, sareng didinya teh gampang Oge ka Jatos eh ka Bumi Pupi maksad teh, jante tiasa dianggo janten salah sawios Posko HBH he..he...
tapi keun we urang badantenkeun oge sareng nusanesna deui teh, enya kamari teh hanjakal teu tepang langsung sareng teh Ika teh padahal Tos Sono pisan teh, enya kana VCD HBH Garutna tea hihi..... sigana mah kamari oge langsung paheut upami aya teh Ika mah masalah tempat teh..matak abdi teu terang apdet beritana yeuh...kumaha2na, engke bade ngobrol deui sareng nusanes sugan... Haturnuhun, -toni-sofian- --- In [email protected], ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Toni oge baraya sadayana. > Punten kuring karek datang ka Rajamantri tabuh 14.30. > Perkawis tempat HBH, manawi teh tos paheut di Bumi Perkemahan Mashudi Kiarapayung, Jatinangor? Gening masih keneh 3 lokasi nu diajengkeun? > Kaleresan kuring nu kawitna ngusulkeun Dago Resort, mung saatos dicek, mung tiasa nganggo aula wungkul, janten teu aya kanggo nginep. transportasi sesah. Janten kedah tos dicoret tina daftar. > Upami Bumi Kitri sareng Bumi Perkemahan Mashudi, usulan ti Kang Dede Mariana. > Bumi Kitri aya aula sareng tempat nginep. Lokasi di Cikutra, transportasi gampang, mung cenah di kota teuing, upami bade aya acara bakti sosial rada sesah, nginep bayar. > Pilihan nu ceuk abdi mah rada pantes, nyaeta di Bumi Perkemahan Mashudi. Eta oge nu kamari katangkep ku kuring, salaku tempat nu bade dipilih, jalaran tempatna di gunung, caket sareng masyarakat, ngan rada sesah transportasina, teu aya angkot dugi ka gunung. > Ieu mah mung pendapat abdi, mangga nyanggakeun. > Baktos, > -ika- > > [EMAIL PROTECTED] wrote: > > Assalamu'alaikum wr.wb., > > Laporan KONGRESS KUSnet Kaping 13 Mei 2007, Di Jl. Rajamantri Kaler No.23

