sampurasun... damang bah? oge nu sanesna mugya salawasna aya dina
panangtayungan gusti nu murbeng alam.

maca cariosan nu dihandap asa kaeraan kuring mah sanes ku nanaon, urang
sunda pan tos kawentar urang gunung tapi dina emprona kudu adu hareupan
jeung euweuh angkot keur naek gunung naha kudu nepi ka ngahanju heuheu...
pan cek heureuy bin anekdot mah lamun urang nanya imah bapa anu ka urang
sunda pasti dijawabna teh "tos caket", cenah. padahal masih kahalangan ku
jegirna pasir. cek bohongna mah jalan ka imah si bapa anu teh masih kudu
unggah turun pasir heula, mipir gawir mapay jungkrang. meuntas walungan
heula (alhamdulillah budak/adi urang di garut geus dipangnyieunkeun cukang.
nuhun ah).... jadi intina mah (panjang soteh palapah gedang) cek sikuring
teu ayana angkot lain masalah! ... da piraku atuh sawareh teu aya barogaeun
mobil mah. pan lamun nu teu karuat tinggal akutan haha

waas tuda lamun hbh jadi di buper. jadi nineung waktu masih ngiluan siaga
baheula. ngaranna we kemah. padahala ukur pindah sare. da sagala rupa geus
disadiakeun ku pembina heuheu... jigana mah hbh ge kitu, sikuring tinggal
ngadaweung, sagala tos diatur panitia, panatacalagara tea...

punten, ti sikuring...

dh

bah iim nuli:

Hatur nuhun teh Ika,
punten sim abdi wangsul rada rurusuhan margi aya uleman tabuh 13,30 nu
kedah diluuhan, perkawis tempat rupina mah rada condong ka palih wetan
alias ka Bumi Perkemahan DR. Mashudi Kiarapayung Jatinangor sok sanaos
aya masalah sakedik dina transportasi (angkutan kanggo ka lokasi) tapi
pami tos janten kasapukan mah insya Allah tiasa diusahakeun ku pihak
panitia HBH perkawis angkutan mah janten engke aya kendaraan anu
standby kanggo ngangkut baraya anu teu nganggo/nyandak kandaraan ka
lokasi HBH.

sakitu panginten anu kapihatur, hatur nuhun kana bantosanana...

"kkbm'69"


On 5/14/07, ika mardiah
<[EMAIL 
PROTECTED]<http://www.opensubscriber.com/sendEmail.os?message=6702048&inline=0>>
wrote:
Kang Toni oge baraya sadayana.
  Punten kuring karek datang ka Rajamantri tabuh 14.30.
  Perkawis tempat HBH, manawi teh tos paheut di Bumi Perkemahan Mashudi
Kiarapayung, Jatinangor? Gening masih keneh 3 lokasi nu diajengkeun?
  Kaleresan kuring nu kawitna ngusulkeun Dago Resort, mung saatos dicek,
mung tiasa nganggo aula wungkul, janten teu aya kanggo nginep.
transportasi
sesah. Janten kedah tos dicoret tina daftar.
  Upami Bumi Kitri sareng Bumi Perkemahan Mashudi, usulan ti Kang Dede
Mariana.
  Bumi Kitri aya aula sareng tempat nginep. Lokasi di Cikutra,
transportasi
gampang, mung cenah di kota teuing, upami bade aya acara bakti sosial rada

sesah, nginep bayar.
  Pilihan nu ceuk abdi mah rada pantes, nyaeta di Bumi Perkemahan Mashudi.

Eta oge nu kamari katangkep ku kuring, salaku tempat nu bade dipilih,
jalaran tempatna di gunung, caket sareng masyarakat, ngan rada sesah
transportasina, teu aya angkot dugi ka gunung.
  Ieu mah mung pendapat abdi, mangga nyanggakeun.
   Baktos,
  -ika-


--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke