JERING
   
  Dini hiji mangsa aya sibule ngasaan hiji kadaharan di AMIGOS atawa “Agak 
Minggir dekat Got Sedikit” atawa Warteg tea. Si Bule ngasaan semur jengkol 
mimitina mah rada eraan naha basa diasaan teh ajib pisan rasa. Laju weh si bule 
nanyakeun ka tukang warung teh dimana cenah kudu meulina, ku tukang warung di 
bejaan di pasar.
   Hiji mangsa si bule teh ka pasar, laju ditanya kutukang dagangna deuk meuli 
naon, sabab lila jasa si bule teh kurulang kuriling di ieu lapak teh, laju weh 
si bule ngajawab yen manehna deuk meuli hiji kadaharan tapi poho deui naon 
ngaranna,teu sadar mereun si bule ieu kabelet hayang hitut, pretttttt sora 
hitutna bari ka-ambeu kutukang dagang bauna bau jengkol, jeung si tukang dagang 
 antukna nyahoeun rehna si bule teh keur neangan jengkol.
              Lamun ngomong jengkol atawa ati maung ningan lain urang wae nu 
beuki teh, geuningan urang deungeun ge beuki.Tapi ari kitu mah jengkol teh geus 
kakoncara kamana-kaman nepikeun si bule ge beuki kanu jengkol oge.Malahan mah 
aya hiji wewengkon di bogor nu ngaranna Bojong Jengkol di Kecamatan Ciampea 
Bogor, salian ti eta ge jengkol ge aya di Sineron nyatea “Juragan Jengkol”.
              Jengkol atawa Jering teh  mun ceuk basa ilmiahna mah 
Pithcellobium jringa salah sahiji tutumbuhan has Asia Tenggara, jeung kaasup 
bahan pangan, jengkol teh kaasup “polong-polongan”.Mun ningali klasifikasi 
ilmiahna jengkol atawa jiringa teh kawas dihanda ieu
  Kerajaan          : Plantae
  Fillum               : Magnoliophyta
  Kelas               : Magnoliopsida
  Ordo                : Fabales
  Familia : Fabaceae
  Subsuku           : Mimosoideae
  Genus               : Pithecellobiumi
   
              Jengkol nu sakanyo kuurang kabehan bisa didahar seger keneh atawa 
diolah saperti disemur tea jiga ati maung. Aya oge jengkol nu digoreng nepikan 
ka rangu, laju dipurulukan uyah bari daharna di cocolkeun ka sambel, basa di 
gegel teh karasa pisan ngeunahna jengkol teh.
              Salian ti atah keneh jengkol ge kiwari geus bisa 
“didevelop”(nginjeum istilah IT), saperti kurupuk jengkol, jeung kiripik 
jenkol. Nu sakaingeut mah kurupuk jengkol ti baheula geus aya, bentukna teh 
baruleud dijualna teh 500-an isina aya kanu 10 buledan bari dibungkus plastik
  Salian ti kurupuk aya oge nu ngaranna kiripik jengkol. Ieu kadaangan teh 
kawas emping nu asalna tinu tangkil teuing jigana deuk saingan jeung emping 
tea. Carana ge teu jauh jeung nyieun emping digencek nepikeun ka gepeng, laju 
dipoe sina garing jeung digeoreng dinu minyak anu panas.
  Aya oge hiji jinis jengkol nu diaranana sepi, nyaeta ngarebus jengkol di hiji 
larutan nu ngandung abu gosok. Ieu sepi teh bisa ge jengkol anu di 
“kecembahkan”, nyaeta ngubur jengkol dinu taneuh jerona 10 cm laju disiram cai 
tiap poe salila 2 minggu.
  Tapi aya oge efek mun urang ngadahar jengkol teh, mereun geus teu bireuk 
deui. Salah sahijina nyaeta bau nu matak kacida. Aya oge efek nu lian oge nu 
diaranan asam jengkolat (jencolid acid), ieu nu ngapangaruhan ka ginjal. Sabab 
ngaruh ka ginjal teh asam jengkolat teh ngeyeumbeu atawa hese larut di cai 
antukna ngeyeumbeu di ginjal, jeung matak ngabentuk  “kristal padat”. Tapi ieu 
ge mun pH geutih urang netral asam jengkolat teh “fine-fine sajah”, nang mun pH 
geutih urang kurang ti 7, kristal teh bakal aya.
  Tapi sanajan kitu ge jengkol teh pernah jadi filosi dakwah nah Kang Haji 
Rhoma Irama, manehna ngingeutan urang ka jengkol. Sabab can aya teknologi nu 
bisa nyieun jengkol teh. Sok sanajan AS kaasup nagara kuasa nu maju ku pasawat 
terbang, satelit jeung rudalna tapi can bisa nyiuen jengkol, jadi jelema tong 
adigung sabab nyiuen bau jengkol ge can bisa (sumber PR).
  Jengkol ge lambang “persahabatan”, kunaon kitu. Pernah aya nu nga SMS nu 
eusina “.. haap segera datang sebab pesta jengkol akan segera dimulai”. Ieu SMS 
ti babaturan nandakeun jengkol lambang pergaulan. Komo mun urang ngadahar 
jengkol teh dibareungan ku sangu lieweut, goreng peda, goreng tempe, sambel 
jeung lalab.Ditambahan deui  ku cai anu haneut, teu kabayang nikmatna basa geus 
dahar jengkol teh di surudut ku cai haneut bari haneut kuku sok komo sirah mah 
kesangan jeung ci panon nyuruk , duh nikmat na Gusti.
  Jadi jengkol teh hiji warisan ti kolot urang ka urang, kunaon disebut 
warisan. Mereun ceuk kolot baheula mah mamatah ka urang teh dimana jeung iraha 
bae andika tandang makalang ulah poho kanu purwadaksina sabab dinu kiwari 
ngancik bihari seja ayeuna sampeureun jaga, atawa ceuk basa kiwari na mah tong 
mopohokuen warisan kolot . 
  Apanan ceuk cenah ke riwayat kakayaan nu di bogaan ku nagara urang geus aya 
label milikna jepang atawa sngapura kawas batik,angklung,tempe geus diaku-aku 
ku si jepang,malaysia tea, piraku ayeuna jengkol kudu kapimilik ku maranehna 
oge. 
   
  Cag ach
  Yayan Mulyana
  http://yayanm.wordpress.com
  http://gocities.com/jajaka_subang
   

       
---------------------------------
 Yahoo! Answers - Got a question? Someone out there knows the answer. Tryit now.

Kirim email ke