Upami di kampung sikuring, standarisasi hujan teh,
1. Miribis? (miripis?) atanapi murubuy : hujan leutik nu ngamimitian rek
hujan gede.
2. Ngeprul? : hujan leutik tapi panon poe tetep caang biasana sakedap?
3. Ngagebret : hujan gede, leubeut pisan teu sirikna dicicikeun ti langit
4. Angin dor-dar gelap : hujan gede dibarengan angin, kingkilaban & sora
gelap di ditu di dieu
5. Ngecrek : hujan leutik tapi waktuna lila pisan
6......................?
tah upami "muruhmuy" ilaharna dilarapkeun kana sabangsaning beuleum atanapi
kulub atanapi oge seupan hui boled, sampeu, hui kumeli, waluh sareng
sabangsana. duka mana tah anu leres teh saur kamus? Sumuhun ieu mah
"luhur-handap sora" anu katewak ku ceuli sikuring!
baktos,
siporenges
totong usman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kumaha upami aya stadarisasi hujan, conto muruhmuy, ngagebret
jeung rea-rea deui
Cobi abdi hoyong terang nomorna kang T.Bachtiar japri wae ulah ka milist
nuhun
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of MSasmita
Sent: Wednesday, May 09, 2007 9:16 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Perkawis Kelir Bodas
Ieu aya seratan Kang T.Bachtiar perkawis kelir dina budaya Sunda,
kantos dimuat dina Mangle mung nomerna hilap deui, aya saena diaos, upami aya
patarosan mah tiasa kontak sareng Kang T.Bachtiar, teleponna aya di sim kuring.
MSasmita
----- Original Message -----
From: tahyan surahman
To: [email protected]
Sent: Thursday, May 10, 2007 4:09 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Perkawis Kelir Bodas
kelir bodas..?
apal kuring ieu mah di situ lembang mun keur saat caina...
handapaeun tanggupan parahu tukangeun burangrang....
ts
---------------------------------
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.