nambah bah, di lembur kuring mah no hiji jeung dua disebutna teh hujan miripis (teu aya tanda tanyana hehe) jeung hujan ngepruy. nambah nu lianna:
1. hujan poyan, hujan tapi cahya panonpoe masih aya. biasana ku kolot baheula sok geuwat dititah make susumping. mun henteu ke peuting didatangan maung, cenah. percaya we da teu apal maung geu ampir musnah di jawa. 2. hujan es, hujan cai campur batu es. ngarusak suhunan 3. hujan batu. sok aya dina paribasa "leuwih hade hujan emas di lembur sorangan tinimbang hujan batu di lembur batur" :D 4. ... haha tas ah, dh On 5/15/07, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami di kampung sikuring, standarisasi hujan teh, 1. Miribis? (miripis?) atanapi murubuy : hujan leutik nu ngamimitian rek hujan gede. 2. Ngeprul? : hujan leutik tapi panon poe tetep caang biasana sakedap? 3. Ngagebret : hujan gede, leubeut pisan teu sirikna dicicikeun ti langit 4. Angin dor-dar gelap : hujan gede dibarengan angin, kingkilaban & sora gelap di ditu di dieu 5. Ngecrek : hujan leutik tapi waktuna lila pisan 6......................? tah upami "muruhmuy" ilaharna dilarapkeun kana sabangsaning beuleum atanapi kulub atanapi oge seupan hui boled, sampeu, hui kumeli, waluh sareng sabangsana. duka mana tah anu leres teh saur kamus? Sumuhun ieu mah "luhur-handap sora" anu katewak ku ceuli sikuring! baktos, siporenges ___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

