Kumargi nuju kuliah damelna kedah mandiri, ari istri mah tangtos tiasa masak? 
kumaha upami ngadamelan nasi kuning kanggo sarapan renrencangan di kosan, 
atanapi kanggo karyawan sareng dosen di lingkungan UPI, atanapi ngadamelan 
kueh, pisang goreng, sareng sajabina. Kanggo modal kerjana mah tiasa 
diusahakeun. Eta padamelan mung sakadar samentawis bae, engke upami tamat 
diajar teras dianggkat janten ibu Guru sigahna aya gajih. Kitu bongbolongan ti 
aki tams. Anu penting sakola ulah bantut gara-gara teu aya artos, padahal 
kagungan potensi, mangpaatkeun eta potensi sing janten nyata. Bekel anu utami 
niatan urang milari kasab, sabab Alloh SWT moal mungkin teu ngarijkian sadaya 
makhlukna. Urang mah mung wajib ikhtiar, hasilna sanggakeun ka anu Maha Ngatur, 
Insya Alloh tiasa tinekanan anu dipimaksad, aamiin. Mhs aki di Msia oge seuedur 
anu icalan sapertos kitu,alhamdulillah. Ongkoh ari di Msia mah khususna mhs UTM 
aya waktos libur semester 3 sasih, waktos eta anu dimangpaatkeun
 usaha kitu, naha di pasar malam, ngasong ka kantor2, aya anu ngadamel di grai 
makan (gajina RM3.0 per jam./part time) = - + Rp 7.500.00/jam. kan sepuhna 
kabantos. anu dilayanna oge rerencangan sa kampus, teu aya nu nyebat isin. Emut 
nya gengsi dina usaha halal teh ngahambat kamajengan. Sok cobi heula sing 
leres-leres ngoreh rejeki urang anu pasti dipasihanana, mung ageung sareng 
alitna urang teu tiasa mastikeun. Usaha naon bae teu aya anu jleg ageung, 
hartosna cobi ku modal anu kabedag heula, upami tos aya irongan majeung, modal 
mah tiasa dibantos, tong salempang. 

Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:              Sim kuring ngagaduhan 
rai istri nu nuju kulaih keneh di UPI, Bandung. Ayeuna anjeuna tos dugi ka 
semester 9. Dina saminggon, kuliahna mung dua dinten. Ayeuna anjeuna nuju 
peryogi pisan padamelan nu tiasa nambihan kanggo waragad kuliah, ngontrak 
kamar, ungkas-ongkos, sareng katuangan. Anjeuna ayeuna nuju muter otak sangkan 
teu gumantung ka pun biang sareng pun bapak nu yuswana tos dugi ka 70an…Manawi 
aya nu kersa masihan bongbolongan nu mangrupikeun useup, sanes lauk… diantos 
pisan. 

  
 
  
  

         

       
---------------------------------
Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV. 

Kirim email ke