pami kersa binis pulsa, mangga mangpaatkeun network, sadaya organisasi di suplly, mahasiswa, dll.
On 5/16/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kumargi nuju kuliah damelna kedah mandiri, ari istri mah tangtos tiasa masak? kumaha upami ngadamelan nasi kuning kanggo sarapan renrencangan di kosan, atanapi kanggo karyawan sareng dosen di lingkungan UPI, atanapi ngadamelan kueh, pisang goreng, sareng sajabina. Kanggo modal kerjana mah tiasa diusahakeun. Eta padamelan mung sakadar samentawis bae, engke upami tamat diajar teras dianggkat janten ibu Guru sigahna aya gajih. Kitu bongbolongan ti aki tams. Anu penting sakola ulah bantut gara-gara teu aya artos, padahal kagungan potensi, mangpaatkeun eta potensi sing janten nyata. Bekel anu utami niatan urang milari kasab, sabab Alloh SWT moal mungkin teu ngarijkian sadaya makhlukna. Urang mah mung wajib ikhtiar, hasilna sanggakeun ka anu Maha Ngatur, Insya Alloh tiasa tinekanan anu dipimaksad, aamiin. Mhs aki di Msia oge seuedur anu icalan sapertos kitu,alhamdulillah. Ongkoh ari di Msia mah khususna mhs UTM aya waktos libur semester 3 sasih, waktos eta anu dimangpaatkeun usaha kitu, naha di pasar malam, ngasong ka kantor2, aya anu ngadamel di grai makan (gajina RM3.0 per jam./part time) = - + Rp 7.500.00/jam. kan sepuhna kabantos. anu dilayanna oge rerencangan sa kampus, teu aya nu nyebat isin. Emut nya gengsi dina usaha halal teh ngahambat kamajengan. Sok cobi heula sing leres-leres ngoreh rejeki urang anu pasti dipasihanana, mung ageung sareng alitna urang teu tiasa mastikeun. Usaha naon bae teu aya anu jleg ageung, hartosna cobi ku modal anu kabedag heula, upami tos aya irongan majeung, modal mah tiasa dibantos, tong salempang. *Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: Sim kuring ngagaduhan rai istri nu nuju kulaih keneh di UPI, Bandung. Ayeuna anjeuna tos dugi ka semester 9. Dina saminggon, kuliahna mung dua dinten. Ayeuna anjeuna nuju peryogi pisan padamelan nu tiasa nambihan kanggo waragad kuliah, ngontrak kamar, ungkas-ongkos, sareng katuangan. Anjeuna ayeuna nuju muter otak sangkan teu gumantung ka pun biang sareng pun bapak nu yuswana tos dugi ka 70an…Manawi aya nu kersa masihan bongbolongan nu mangrupikeun useup, sanes lauk… diantos pisan. [image: Upgrade Your Email - Click here!]<http://promos.hotbar.com/promos/promodll.dll?RunPromo&El=&SG=&RAND=87785&partner=hbtools> ------------------------------ Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks<http://us.rd.yahoo.com/evt=48220/*http://tv.yahoo.com/>on Yahoo! TV.
-- ::ri_1:: Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com Mobile : +62-818-109410 www.urang-sunda.or.id. su.wikipedia.org [email protected] [EMAIL PROTECTED] urangtasik.multiply.com inawan.multiply.com

