ngiringan kasauran wa Sidik, 
  Di Cianjur aya ahli silat (maenpo) jenenganana Mama Sabandar. Sabandar teh 
dijadikeun nami patempatan, pami teu lepat kelurahan kitu? ceuk Aki mah kecap 
Sabandar teh tina Syah Bandar anu mangrupa gelar pikeun nu ngajaga di palabuhan 
jaman kapungkur. duka tah, naha eta penjaga-penjaga nu nyebarkeun silat atanapi 
maenpo teh asalna ti palabuhan kitu nu dipiwarang ku pangawasa (pamarentah) 
dina urusan pajak. Teu acan marios sumberna mah, mung ieu mah sumberna ti Ujang 
Ahmad umur 68 (pun aki)..heuheu
  

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Teu aya bentenna antawis silat sareng maepo, 
  eta mah mung ukur istilah atanapi sesebatan,
  silat di Cianjur disebatna "maenpo", wallahu alam tina bahasa naon..
  Maenpo diulik kalayan disebarkeun ku bupati Cianjur, Dalem Aria Enoh gelar
  Aria Wiratanudatar V diteraskeun ku rundayanana nya eta R. Haji Ibrahim, anu
  nyiptakeun aliran Cikalong, anu saterasna dina mangsa eta Cianjur kawentar ku 
:
  Ngaos = ngaji Qur'an
  Mamaos = kawih Cianjuran, sareng
  Maenpo = Silat
  Maenpo/silat di Cianjur sok disebat oge "amengan", sapertos amengan Cimande,
  amengan Cikalong ssjb.
   
  Pihatur
  ssw
   
  

kumincir [EMAIL PROTECTED]
      naon bedana silat jeung maenpo? serius ieu mah...

  .
 



  http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
  

         

 
---------------------------------
No need to miss a message. Get email on-the-go 
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.

Kirim email ke