Owh kitu... nya saupamina anu dimaksud teh langkung nujul ka karajaan2
Sunda, nya atuh gampil pisan tehnisna mah, ke urang cobi alihkeun ka Kingdoms
of Sunda. Atawa Sundanese kingdoms sugan?

On 5/21/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Saayeunaeun, eta lahan teh dieusi ku sajarah karajaan-karajaan di Tatar
Sunda kawit ti Salakanagara, Tarumanagara, Sunda (Sunda-Galuh) dugi ka
Pajajaran. Mung penekanannana kana karajaan Sunda. Sareng samentawis
karajaan Sunda ditarjamahkeun janten Kingdom of Sunda sajalan sareng nami
URL-na. Tapi upami aya usulan karajaan Sunda ditarjamahkeun janten Sunda
Kingdom atanapi singketna Sunda atanapi usulan sanesna, mangga teh teuing
bade ditampi da gampil kantun ngaedit eusi eta kaca ramat.
Atanapi kumaha upami nami URL di wikipedia dirobah naha urang gaduh
kawenangan ngarobah namina. Upami tiasa mah, dirobah janten
http://en.wikipedia.org/wiki/Kingdoms of Sunda.

Kirim email ke