Dini impenan pribados, Zaim Al Rasyid, pakar tata negara republik mimpi
nyarios: "Dalam hukum tata nega, tidak ada budaya komunal yang dapat
dipatenkan, tidak ada itu, tidak ada, tidak ada."
Upami henteu lepat nguping, bu A. S. Soeria Atmadja, kaleresan ahli hukum,
gaduh niat sareng pamendak yen kasus ieu tiasa dicandak ka mahkamah
internasional mung anjeunna peryogi data pendukung yen angklung, kacapi suling
teh hasil budaya urang. Upamina wae aya rujukan anu diaku ku dunya
internasional sapertos buku ngeunaan eta di perpustakaan Walanda, saurna
langkung sae.
Anjeunna oge gaduh niat, upami janten tuan rumah internasional bade nyuguhkeun
informasi / mintonkeun angklung, kacapi suling, sareng nu sanesna ka para
tatamu.
Wasalam,
Asep
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Gggrrrhhh
ni geregeteun abdi mah maosna ge, Kang Asep. Kamonesan bangsa urang
diaku ku batur. Kumaha ieu teh? Sakudak-sakedik dipatenkeun
batur
sakedak-sakedik dipatenkeun batur
naha matenkeun teh mung
sakedik-sakedik? Heheh
sakalian we atuh! (nyungkun heheh...)
Aki Tams, satadinamah bade dilereskeun ku abdi, mung abdi mah istri da teu
tiasa dibendo
heheh. Sok atuh, seueur gegeden di milis ieu, kedah kumaha
piketakeunana?...Nyanggakeun.
Ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 05/21/07 05:26PM >>>
Kumaha atuh narekahanana nya?, kumaha upami aki tams aya pamadengan kieu, aku
bae Msia teh bagian ti Sunda Besar, da puguh eta mah dina peta anu
dikaluarkeun ku PBB oge jelas kalebet gugusan eta? Cing kumaha reaksi manehna,
ieu mah mung heureuy, bongan ngaheurueyan, eh malah ngarebut ketang? Tapi ah
teu langkung anu dibendo we lah. Baktosna aki tams.
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Deudeuh teuing Kacapi Suling, ku Endonesa henteu pernah digembar-gembor ka
mancanagara, malah ku nagri deungeun dipintonkeun ka dunya internasional
sabari henteu dijelaskeun yen eta teh budaya Sunda.
Wassalam,
Asep
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and
always stay connected to friends.