Alhamdulillah...tah, aya Teh Sofi geuning urang Sumedang tandang nyandang kahayang. Punten, maos naminamah cigana leres2 turunan menak Sumedang ieu mah... Nepangkeun, abdi Roro urang Cikareo-Wado, sisi gunung bau lisung. Eh, ketang tos seueur heuleuran, parena ge tara ditutu deui ayeunamah heuheu...
Aduh, eta Kang Asep ni serius...seratan abdi nu diforward geuning? (bari calangap da hookeun tea..) Abdi mah heureuy Kang, mung "mangpanas, manggereget & manghanjakalkeun" kasenian bangsa urang diaku ku batur. Barinage teu ngartos-ngartos acan kana masalah huhukuman. Sanaos istri sareng tara nganggo bendo, Teh Sofi langkung paos sareng ngartos kana masalah perhukuman. Abdi mung tiasa sambung du'a sareng ngarojong pisan kana niat sae Teh Sofi ngamumule kasenian & budaya Sunda. Sumangga, lajengkeun Teh! Haturnuhun, ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 05/23/07 10:22AM >>> Punten ka kang kuncen, naha tiasa alamat email teh Sofi dilebetken janten anggota milis ieu? sofi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: "sofi" <[EMAIL PROTECTED]> To: "'Asep Hadiyana'" <[EMAIL PROTECTED]>, <[email protected]> CC: <[EMAIL PROTECTED]>, "'Kiki Sugianto'" <[EMAIL PROTECTED]>, <[EMAIL PROTECTED]>, "'Denny Setiawan'" <[EMAIL PROTECTED]>, <[EMAIL PROTECTED]>, "'Elang Soeriatmadja'" <[EMAIL PROTECTED]>, <[EMAIL PROTECTED]>, <[EMAIL PROTECTED]>, "'rossalis adenan'" <[EMAIL PROTECTED]> Subject: RE: [Urang Sunda] Kacapi Suling di Malaysia Date: Wed, 23 May 2007 07:51:10 +0700 Kang Asep, Sim kuring panuju budaya urang kedah dilanggengkeun. Di Indonesia hukum anu nangtayungan budaya sorangan aya undang2na . Tapi lamun aya niat ngagugat ka pangadilan nagara deungeun, utamana ngenaan hak kekayaan intelektual, rada hese , da Indonesia sorangan can boga undang2 ngenaan Pengetahuan tradisional (Traditional knowledge), sareng Ekspresi Folkor (Expressions of Folkore) . Saur kang Basuki, undang2 na can jadi wae kumargi para budayawan parasea wae, antara budaya teh borderless (janten tiasa diangken ku nagara deungeun, sarumpun tea alasannana), atanapi budaya teh milik nagara sorangan, teu bisa diaku-aku. Pekerjaan Rumah lain anu kudu dijalakeun ku komunitas sunda dugi ka tiasa ngagugat atanapi gaduh subjek hukum nyaeta kedah janten badan hukum, paling saeutik janten yayasan (Parantos pangiten?). Teras isu ieu kedah diangkat ka masyarakat luas, atanapi ka DPR, maksa undang2 enggal diterbitkeun. Ku kituna boro2 bade ngagugat ka nagara batur, nagara sorangan wae can boga aturanna. Ngenaan angklung sareng batik, abdi aya tulisan ti kang Basuki. Geuning leres batik sareng angklung teh tos dipatenkeun (tapi teu acan didaftarkeun Hak intelektual & cipta-na mah ?) Wilejeung kenalan, abdi sofi tea, anu dinasna sakantor sareng kang asep. Wass, Sofi Soeria Atmadja

