Heheheh*dihapunten pisan Kang Asep (bari dongko sasalaman ciga Boboran wae ieu 
mah), sanes kunanaon paguneman perkawis maten-matenkeun hak cipta nu skalana 
nasional teh sanes masalah belen-belen*eta teh masalah 
Sen-si-tiffff*.(nyariosna bari ungkleuk-ungkleukan heheh*). Bilih bisi ieu mah 
aya jalmi nu ngemut sareng nyangki, maos forwardan abdi, ciga nu leres bade 
ngalereskeun hak paten*walah cilaka duabelas! Mangkaningan teu ngartos-ngartos 
acan masalah hukum*

Oh, geuningan Teh Sofi teh blasteran Sumedang-Cirebon?...Tapi pami teu lepatmah 
aya yayasan Suriatmaja di Sumedang "Kota"-na nu anggahotana menak wungkul 
heheh* Ke la, abdi mah sok hayang seuri pami aya nu nyarios, contona 
kieu,"Kawit mah ti Cianjur*tapi di "kota"na daaaa*.". Hihihih*ni alim disebat 
urang dusun teh*

Wios Kang Asep abdi mah teu kunanaon da, mung ngajagi bilih kumaonam. Maklum 
atuh kedah ati-ati tur tarapti nyerat di dunya goib mah, informasi teh 
ngabelesat ibarat jamparing gancangna. Kamari abdi nyumangetan Teh Sofi supados 
anjeuna tiasa ngawakilan matenkeun kasenian Sunda nu "direbut" batur... 
Wilujeng Teh Sofi! 

Haturnuhun,
ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 05/23/07 06:47PM >>>

Ah teh roro mah anya-anya wae.

Teh Sofi sok diforward email tu Kusnet ku pribados. Anjeunna kantos nyuhunkeun 
tulung supados emailna dilebetkeun janten angota milis. Disangkina ku anjeunna 
emailna parantos dilebetkeun ka ieu milis, mangkana anjeunna teh nyerat kanggo 
warga Kusnet "Wilejeung kenalan, abdi sofi tea, anu dinasna sakantor sareng 
kang asep." dina ahir seratanna.
Nembe kapareng ayeuna nyuhunkeun tulung ka kuncen supados teh Sofi janten 
anggota Kusnet. Alhamdulillah ku kang Boim parantos diaku.

Sual kasundaan, kabela anjeunna henteu alit. Saatos ningali kacapi suling 
sareng ibing sunda dipintonkeun ku Malaysia bari jeung teu diwawarkeun yen eta 
teh budaya nagri tatangga, anjeunna nelepon kaditu kadieu nyuhunkeun saran 
kumaha saena.
Anjeunna teh turunan Sumedang sareng Cirebon saleresna mah. Jenengan Atmadja 
mah pan tipikal urang Cirebon sareng sabudeureunana sami sareng Nitiatmadja, 
Kusumaatmaja. Mung ku abdi lepat diekspos sabage urang Sumedang hungkul. 
Hapunten nya teh Roro.

Salamna,
Asep

Kirim email ke