kamari, 21 Mei Kodam III Siliwangi milangkala. duka nu kasabaraha. dina
koran PR tadi aya gambar pangdam mayjen George Patton eh salah George
Toisutta keur mariksa pasukan. milangkala taun ieu dirayakeun basajan
(sederhana) teu aya ondangan ka inohong cenah. ngan ukur upacara 30an menit.

jadi inget ka carita tangtara Siliwangi nu keur ngepung Kahar Muzakar di
leuweung Sulawesi Kidul. dicaritakeun ku Himawan Susanto beh ditu di Aula
Gedong Sate.poean wanoh jeung kang Dede Mariana diwanohkeun teh Ika. Juragan
Letjen Pur Himawan Susanto ngadongeng leuwih kurang kieu:

"Harita imah atawa saung tempat nyumput Kahar Muzakar geus kapanggih di hiji
leuweung geledegan. tangtara Siliwangi geus ningker eta tempat. Teu lila
datang Kahar Muzakar ka eta saung, terus asup. tangtara geus sumanget siap
nyerbu. tapi komandan ngadon diuk nyalse. antukna aya prajurit nu nanya ka
komandanna, "Serbu ayeuna, Pa?"
"Ulah waka. Isuk we. Keun heula sina reureuh.." cek komandan si urang Sunda.


kabayang, keur perang kitu, tangtara Siliwangi masih keneh boga kamanusaan
nu basajan. mere kasempetan ka musuh gerot sina istirahat  ngaso heula.

intina carita, hate hade kudu dimumule ku urang Sunda dimana bae ayana.

siliwangi adalah rakyat jawa barat (dan banten)
rakyat jawa barat (dan banten) adalah siliwangi

esa hilang dua terbilang
tangtara siliwangi, saeutik oge mahi.

kolonel pangsiun, nya jadi bupati hihi
--
geocities.com/mangjamal

Kirim email ke