Alhamdulillah aki tams dina danget ieu mah Yi Bud, sawalerna saparantos di 
Jepun deui kumaha tah, mugi2 wae langkung semangat belajarna. Oge nambih 
semangat bade ngarobih kaayaan anu katingalna araneh??. Kitu kutan di unsri 
kiwari teh? 
   
  Aki moal suudzon ah, margi aranjeunna baleunghar, katambih tambih jabatan 
struktural kiwari raraos dina segi pendapatan, da aya tunjangan anu ageung. 
Kiateun nyicil mobil 5 jt an sasih?? Ah duka ketang, da gajih dosen anu tos 20 
an tahun ngabdi mung tiasa kaangge dua minggon biaya sadidinten anu pas-pasan, 
bujeng2 asa jauh taneuh ka langit pamohalan teuing tiasa ngiridit mobil?, 
ngiridit motor wae sigahna teh kumaha kituh? da barudak sarakola peryogi pisan. 
   
  Aya hawar2 ti tilas dekan masihan pilihan oge, saurna bilih bade teras 
pangsiun awal, tiasa bae sangemna teh. Aki tams oge baluweng, pedah basa kakara 
satahun kuliah teh disumpingan pihak rektorat, sakantenan jalan2 wae sigahna 
mah, kedah nawis kontrak 5 tahun ngabdi di unsri bada rengse S3 teh. 
   
  Tapi aki ningal senior2 oge seueur anu teu aktip di unsri, sapertos mantan 
dekan oge malah aktip di Bank Sumsel, aya anu janten dekan FE.UT di Jkt, anu di 
Dept Keuangan, di Bappenas; eta para Dr.sareng Prof.Dr.oge kitu? Da puguh teu 
sasuai gajih sareng kaperluan hirupna. Irongan aki ayeuna sigahna moal benten 
sareng aranjeuna, da bade kumaha atuh? 
   
  Ari ngalongok mah jigahna engke wae ari tos rengse, sakantenan laporan tamat, 
sasih agustus insya Alloh "convocation". Laporan progres belajar kiwari mah 
cekap sms, serat, sareng telepon wae ka rerencangan sareng ka ketua jurusan.
   
  Sok atuh yi Bud sing enggal beres meungpeung masih anom keneh, aya harepan 
mudah2an. Aki mah paling kiat oge maksakeun 5 tahun deui sigahna, bade pangsiun.
  Cag heula, baktos aki tams.

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Aki Tams kumaha damang ? Masih keneh bade ngalongok ka Palembang ?
   
  Bilih ngajenghok upami ka ditu, sakedik ngawartosan, he he he ...
   
  Pa rektor ayeuna naek blazer enggal, PR-na naek terrano enggal, Dekan sareng 
PD-na nganggo Panther enggal, Kajur nganggo Kijang .. Dosenna naek beus dosen 
nu tos dengdek balas tos lami teuing teu digentos.
   
  baktos,
  budhi
  kurono kopo 241

 
  On 5/22/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:               Muhun 
leres pisan etah, kuring nambihan deuih. Upami urang atanapi nagara urang palay 
majeng, sanggakeun wae urusanana ka ahlina, margi ceuk sakaol "lamun perkara 
diuruskeun ,lain ku ahlina , tunggu wae kahancuran" kitu asana nguping teh. 
Janten upami percanten kana eta "palsafah", duka ketang cenah mah anu kagungan 
eta konsep teh Agama Islam, duka hadist duka ayat suci Al-Qur'an, sareng duka 
ayat sabaraha deuih. Tapi kayakinan kuring memang, naon wae perkara ari ku 
ahlina mah sing aya masalah oge moal saloba jeung sasulit jigah lamun diurus 
kunu boloho ekstrimna mah. 
   
  Kumaha ari pamimpin nagara urang, baraya sadaya tangtos aruninga, partey2 
jigah kumaha parebut jeng parasea hayang jadi pamimpin sigah aing pang bisana, 
totonjolan, kajeun ngamodal heula oge, bagi2 artos (cenah money politics), ari 
geus meunang kadudukan, duit anu modal tadi kudu balik deui, kumaha wae carana 
mah da kuring ieuh anu kuasa meureun, naekeun itu naekeun ieu. Anggaran 
digelembungkeun, nyunat itu ini, muhun hutang ti luar nagara, caritana mah keur 
ngabangun, tapi cenah 30 % duka kamana, pasti moal ku patani di desa atawa 
nelaya, sanes?? Gajih maranehna diheulakeun puluh2 kali lipet, gagayaan sigah 
nu heueuh hayang laptop hiji sewang, bari bisa ge teuing atuh?? Da teu euleum2 
geuning???. Tah anu kitu salah saha? Waleranana tangtos wangsul kana konsep di 
luhur tadi. Ah jadi lieur ngabandunganana oge, mangga teraskeun. 
  Cag aki tams anu boloho tea.
     
  Dulhalim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Punten ngiringan.
  
  Pang-pang na mah majuna hiji nagara ditangtukeun ku kahadean para pamingpin 
nagara jeung ulama.
  Lamun pamingpin na hade, ulama na hade yakin nagara na ge pasti hade alias 
maju.
  Kumaha di Endonesia ???????????????
  Tina sababaraha kali ganti pamingpin nepi jeung pajabat can aya hiji oge anu 
hade,
  Aya nu hade tapi teu bisa walakaya da euweuh batur (henteu kompak).
  Kitu deui ulama na, nepi ka ayeuna ulam sibuk ngurus partai lain ngurus umat.
  Loba ulama nu ngajual dakwah nepi ka pasang tarif sagala.
  Jiwa pamingpin jeung pajabat pada-pada "KORUP" geus poho ka rahayat.
  Kajeun seubeuh jang sorangan daripada nyesa jang batur.
  Paribasa nu diajarkeun keur sakola euweuh nu dipalire contona "Ulah nanya 
naon nu rek dibikeun nagara ka urang tapi kudu nanya naon nu rek dibikeun ku 
urang ka nagara" 
  Conto leuwih nyata deui para anggota DPR kamari ribut hayang laptop, lamun 
ceuk pamikir kuring mah da gajih geus gede terus manehna boga partai maenya teu 
bisa meuli sorangan mah. 
  Pan hasilna ge jang nagara…..???
  Tah kukituna salila jiwa pamingpin, pajabat jeung ulama masih jang diri 
manehna sorangan jeung kelompok. 
  ENDONESIA MOAL MAJU-MAJU.
  
  Nuhun,
  Cag.












      Recent Activity
    
      11
  New Members
  
      1
  New Files

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Yahoo! Mail
  Next gen email?
  Try the all-new
  Yahoo! Mail Beta.

    Y! Messenger
  Instant hello
  Chat over IM with
  group members.

    Yahoo! Photos
  Easy Upload
  Share photos now



  .

 
         


       
---------------------------------
Pinpoint customers who are looking for what you sell. 

Kirim email ke