Kahatur Bapa Oman,

Sae pisan pedaran pa Oman teh. Kumaha upami dikintunkeun ka Republika sabage 
tanggapan kanggo tulisan Zaim.

Baktos,
Asep



Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  --- 
In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
 wrote:
 
 Baraya,
 
 Pamadegan Mas Zaim Uchrowi (mun teu salah, Zaim nu ieu teh nya Zaim 
 wartawan anu lumayan sohor, asana masih di majalah "Tempo"), sabagean 
 aya benerna, sabagean deui loba salahna. Sacara umum, tulisan 
 stereotip jiga anu ditulis Zaim di harian "Republika" memang uduh 
 pisan pikeun dikiritik balik, nyakompetdaunkeun, jeung mere 
 lolongkrang gede pikeun "debat" kusir.
 
 Benerna, sabagean masyarakat Sunda, sakumaha umum anu mindeng 
 kapanggih dina kahirupan sapopoe, memang mindeng ngalarapkeun rumusan 
 hirup "kumaha engke". Hartina, tara pati nyieun rencana 
 pikahareupeun. Tapi, upama aya panalungtikan statistik, can tangtu 
 mayoritas Urang Sunda siga kitu.
 
 Salahna? Zaim henteu ngadadarkeun sajarah anu saestuna, yen, 
 mataholangna, persatuan bangsa Indonesia ti baheula nepi ka ayeuna, 
 loba disumbangrojong ku Urang Sunda. Zaim henteu nalungtik (atawa teu 
 kungsi maca?) yen ti jaman memeh datang pangjajah Walanda, bangsa 
 Sunda geus kawentar salaku bangsa anu cinta damai alias micinta 
 katengtreman hirup. 
 
 Nalika Sriwijaya jeung karajaan2 di Jawa (utaman Jawa Timur) keur 
 meujeuhna palega-lega kakawasaan, nepi ka mindeng parasea, raja-raja 
 Sunda mah teu kabita miluan papasean pikeun udagan anu dareet model 
 kitu. Bisa dibayangkeun lamun harita raja-raja Sunda (nya tangtuna 
 rahayat SUnda oge), pipilueun, sigana moal aya Nusantara, anu hartina 
 moal aya cikal bakal bangsa Indonesia.
 
 Dina jaman perjoangan kamerdekaan, greliya jeung revolusi 
 kamerdekaan, sakabeh rahayat Indonesia anu jujur pasti ngaku kana 
 gedena pancen Urang Sunda. Divisi Siliwangi harita sakitu 
 kakoncarana. Kajadian2 saperti "barontakna" KH Zainal Mustofa di 
 Singaparna, Tasikmalaya ka pangjajah Jepang geus ngailhaman Supriadi 
 di Blitar jeung pahlawan-pahlawan sejenna pikeun baruntak anu sarua. 
 
 Kajadian pertempuran anu teu saimbang di Bojongkokosan, Sukabumi, 
 ngalawan tangtara KNIL anu nangkod ka tangtara Sekutu jadi kayakinan 
 sababaraha urang sajarawan yen eta kajadian teh leuwih ronglah 
 tinimbang kajadian 10 November 1945 di Surabaya, boh dina sumanget 
 bakorban keur lemah cai oge manfaatna keur rahayat Indonesoa 
 sagemblengna.
 
 Eta anu dipedar di luhur teh keur nyaimbangkeun informasi ti Zaim 
 wae, lain keur agul ku payung butut. Itung-itung ngelingan ngojay ka 
 meri, hampura lamun aya wanda siga anu ngebrehkeun jasa Urang Sunda. 
 Palias, lain eta paniatan mah.
 
 Hanjakal Zaim oge teu medar "pameo" anu sumebar di sabagean 
 masyarakat. Yen, ceuk cenah, bangsa Indonesia lamun hayang maju kudu 
 dipimpin (baca: sabagean gede ti rengrengan kabinet, utamana posisi-
 posisi anu pararenting) ku wakil-wakil pinunjul ti tilu suku di 
 Nusantara ieu. Anu tilu teh nyaeta: Suku Sunda, Bugis jeung Aceh 
 (hapunten, suku Jawa, suku asalna Zaim - mun teu salah mah - teu 
 disebut-sebut dina eta pameo teh). 
 
 Tangtu wae, lain person-person anu dituju ku eta pameo teh, tapi 
 karakter. Yen aya karakter-karakter anu hade di suku-suku Sunda, 
 Bugis jeung Aceh anu lamun dihijikeun teh bisa mawa bangsa Indonesia 
 ngahontal kajayaanana. Anapon insanna mah, ceuk rarasaan jeung 
 pipikiran, asa teu kudu dipatok ti 3 suku tadi. Alias, timana wae ari 
 karakterna hade keur mimpin bangsa mah bagea teh teuing. Nya ari 
 karakter anu teu hade mah, komo anu matak ngabalangsakkeun bangsa 
 mah, talapung wae. 
 
 Naon wae karater anu hade anu bisa direvitalisasi di eta 3 suku di 
 Indonesia teh? Ceuk cenah, Urang Sunda boga kamampuan diplomasi anu 
 hade tur salawasna cinta damai, mayunkeun katengtreman (emut kajadian 
 taun 1999? apan relatif teu aya huru-hara nanaon di wewengkon Sunda 
 mah dibanding jeung wewenglon-wewengkona sejenna di sakuliah 
 Nusantara anu sakitu ngagolakna). Ceuk cenah oge, urang Bugis parigel 
 jeung lebar wawanen dina unak-anik bisnis. Sajarah jeung kanyataan 
 ayeuna di Jakarta, upamana, ngabuktikeun hal ieu. Ari Aceh? 
 Heuheuheu, apan suku eta mah kawentar wanian perang. Emut perjuangan 
 rahayat Aceh? Walanda meh kawalahan dina naklukeun suku bangsa Aceh. 
 Atuh GAM, nepi ka anyar keneh mah apan sakitu rongkahna perlawananana 
 ka Pamarentah resmi NKRI.
 
 Kumaha ngahudangkeun deui eta karakter-karakter anu hade pikeun 
 kamajuan kumna bangsa Indonesia jeung sumbangan kana perdamaian 
 internasional. Sunda boga Sanghiyang Siksa Kandag Karesian, Amanah 
 Galunggung, jeung puluhan naskah-naskah kuno jeung prasasti-prasasti 
 anu ngandung pipikiran sakitu majuna. Bugis boga La Galigo anu oge 
 pinuh ku pikiran keur kamajuan (bari jeung teu kudu nyieun tingkah 
 laku dzolim). Atuh pon kitu keneh, di masyarakat Aceh oge tangtu aya 
 anu sarupa kitu. Oge di suku-suku sejenna di sakuliah Nusantara. Anu 
 diperlukeun ayeuna, taya lian ti lebar dada jeung wawanen pikeun 
 ngarevitalisasi kabudayaan urang lebah bagean anu pinunjulna keur 
 kamajuan sarerea.
 
 Nuturkeun kang Chaedar Al Wasilah (doktor ahli basa ti UPI, Bandung, 
 asli urang Cicalengka-Garut, Bandung), revitalisasi budaya sarupa 
 kitu merlukeun 3 syarat. Anu tilu teh: mahamkeun ajen-inajen poko 
 (anu tangtuna oge universal tur luhur) kalawan jero, ngamasyaratkeun 
 hasil eta papahaman (perencanaan sosial atawa perencanaan bersama), 
 jeung nyieun kreativitas budaya. Tah, anu tilu ieu teh kunaon henteu 
 diringkelkeun jadi umbul-umbul visi jeung misi nepi ka program 
 pangwagunan tiap daerah luyu jeung ajen inajen poko masing-masing 
 daerahna? 
 
 Hanjaka Zaim teu medar nepi ka revitalisasi budaya. Tapi, ketang, 
 memang moal bisa dina tulisan pondok kudu ngadadarkeun perkara ngali 
 jeung ngarevitalisasi ajen-inajen poko tiap (suku) bangsa mah. Anu 
 bisa dijagragkeun dina kolom singet model kitu, lamun niat, nya 
 tulisan provokatif model kitu wae. Mudah-mudahan wae paniatan Zaim 
 teh estuning keur ngahudangkeun ieu bangsa - anu ceuk MH Ainun Nadjib 
 tea mah - keur sare.
 
 Cag.
 baktosna,
 manAR    
 
 --- In [email protected], Rispianda <indraade@> wrote:
 >
 > Salam ka saderek sadayana
 > 
 > Sim kuring kaleresan dikirim rerencangan artikel nu aya di 
 republika perkawis mentalitas jawa sareng sunda. Abdi salaku urang 
 sunda asli rada "kaseureud" yeeuh. Sapertosna nu nulisna asa 
 ngagudahan pandangan negatif ka urang teh. Punten, sanes bade 
 mamanas, tapi hoyong nginformasikeun yen masih aya masyarakt nu sok 
 nganggap goreng orang sunda. Cik, hoyong terang kumaha komentar 
 baraya.
 > 
 > Baktos,
 > Rispi 
 > 
 > 
 > Mentalitas Jawa dan Sunda 
 > ( Zaim Uchrowi ) 
 > 
 > ''Indonesia sulit maju,'' kata seorang teman. ''Kenapa?'' tanya 
 saya. ''Sebab, lebih dari 70 persen penduduknya adalah Jawa dan 
 Sunda,'' jawabnya. Saya ternganga, sampai ia menjelaskan lebih lanjut.
 > Menurutnya, mentalitas orang Jawa dan orang Sunda bukan mentalitas 
 orang yang siap maju. Hal itu terlihat dari ungkapan yang banyak 
 dipakai orang-orang dari kedua suku ini. Orang-orang Jawa disebutnya 
 sering menyebut kata ''nek'' atau ''gek'', yang berarti ''kalau'' 
 sebagai sebuah pengandaian tentang sesuatu yang mungkin terjadi di 
 masa depan. Orang Jawa sering mengucap ''nek ngono mengko 
 piye ...'', ''nek ngene mengko piye ...'' yang berarti ''kalau begitu 
 nanti bagaimana...'', ''kalau begini nanti bagaimana....''
 > Orang-orang Jawa berpikir begitu panjang. Seluruh kemungkinan di 
 masa depan telah dipikirkan dari sekarang. Pada satu sisi, hal 
 tersebut baik. Banyak persoalan telah diantisipasi jauh hari 
 menyangkut akibat yang mungkin terjadi. Dengan demikian, jika akibat 
 itu benar terjadi, mereka telah siap untuk menghadapinya.
 > Namun, di sisi lain, banyaknya kemungkinan yang dipikirkan di masa 
 depan sering membuat takut melangkah. Ibarat seorang tak punya rumah 
 yang tak kunjung punya rumah karena takut memikirkan kemungkinannya 
 di masa depan. Bagaimana kalau gentingnya bocor, bagaimana kalau ada 
 pencuri, apalagi kalau rumah itu habis terbakar. Begitu banyak 
 kemungkinan yang dipikirkan hingga orang itu tak berani melangkah 
 untuk punya rumah.
 > Sikap itu tampak dalam kehidupan sehari-hari. Sebagian besar orang 
 Jawa pasrah pada keadaan yang dimilikinya. Mereka tidak akan berusaha 
 keras mengejar sesuatu karena kalau gagal akan terasa sangat 
 menyakitkan. Mereka tidak siap gagal. Akibatnya, pencapaian rata-rata 
 orang Jawa kalah bila dibanding etnis lainnya. Misalnya dengan rata-
 rata pencapaian orang Batak, apalagi dengan keturunan Tionghoa. 
 > Orang Jawa tak mau berbuat keliru, dan sangat khawatir keliru. Itu 
 membuat komunikasi orang Jawa tidak baik. Orang Jawa tidak pandai 
 mengekspresikan perasaan sendiri, apalagi kalau harus mengatakan 
 tidak. ''Bagaimana nanti kalau orangnya tersinggung.'' Kalimat 
 demikian banyak diucapkan. Orang Jawa menuntut orang lain paham 
 bahasa isyarat. Kalau terpaksa harus mengomentari orang lain, paling 
 dengan cara menyindir. ''Jadi, bagaimana orang Jawa bisa maju?''
 > Sebaliknya, orang Sunda cenderung malas berpikir panjang. Istilah 
 yang banyak dikatakan adalah, ''kumaha engke ...'' yang 
 berarti ''bagaimana nanti ....'' Jalani dan nikmati hidup seadanya 
 seperti air mengalir yang akan menemukan jalannya sendiri tanpa perlu 
 diatur-atur. Ingin sekolah ya sekolah, ingin main ya main, ingin 
 kerja ya cari kerja kalau dapat. Kalau tidak dapat ya sudah, ''can 
 nasib'' atau ''belum nasibnya''. 
 > Nanti cari lagi. Ada uang, nikmati saja sepuasnya. Uang habis tidak 
 apa-apa. Usaha lagi seperlunya, atau minta bantuan saudara. Tidak 
 berhasil tidak apa-apa. ''Can nasib.'' Ingin kawin, ya kawin saja 
 biar pun pekerjaan belum mapan, penghasilan juga pas-pasan. Ingin 
 kawin lagi, ya kawin lagi saja. Kan boleh dalam agama. Anak banyak, 
 bermunculan saban dua tahun, tidak apa-apa. Tak perlu ada kesiapan 
 buat merencanakan masa depannya. ''Kumaha Gusti wae ....'' Terserah 
 Tuhan sajalah. ''Jadi, bagaimana orang Sunda bisa maju?''
 > Dengan mentalitas begitu, kemiskinan Jawa yang sangat besar tak 
 kunjung berkurang. Sedangkan kemiskinan Sunda (serta Banten dan 
 Betawi sebagai kerabatnya) terus membesar dengan kecepatan luar 
 biasa. Anehnya, kita menganggap fenomena itu fenomena biasa, dan 
 kadang malah menganggapnya sebagai sikap pasrah pada Allah SWT sesuai 
 tuntunan agama. Padahal, ''pasrah pada nasib'' sangat berbeda 
 dengan ''pasrah pada Allah''. 
 > Pasrah pada Allah SWT adalah membuat perencanaan hidup sebaik-
 baiknya, bekerja keras untuk mewujudkan perencanaan itu, serta selalu 
 optimistis terhadap hasil yang akan diberikan Tuhan pada kita. 
 Reshuffle kabinet boleh-boleh saja. Tapi, bila sungguh-sungguh ingin 
 membuat bangsa ini dan bangkit sesuai semangat Hari Kebangkitan 
 Nasional, rombak dulu mentalitas bangsa ini secara revolusioner. 
 Untuk itu perlu revolusi mentalitas orang Jawa dan Sunda sebagai 
 mayoritas penduduk bangsa ini. 
 > http://www.republika.co.id
 > 
 > 
 >        
 > 
 __________________________________________________________
 ______________Give spam the boot. Take control with tough spam 
 protection in the all-new Yahoo! Mail Beta.
 > http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_html.html
 >
 
 --- End forwarded message ---
 
 
     
                       

 
---------------------------------
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.

Kirim email ke