Jeung tibatan pasea antawis nu udud jeung nu teu udud, euweuh tungtungna.
Mending urang ngabahas kecap udud dina basa sunda.
Ieu endahna basa sunda
udud make hurup hirup u biwir kudu dimanyunkeun. Memang nu ngisep udud
mah tangtuna ge manyun, mun teu manyun pamohalan bisa ngisep udud. Cobian geura
bari udud biwirna ngucapkeun a tangtu moal kaisep, kulantaran kitu US baheula
nyiptakeun kecap udud keur pagawean udud lain adad,
Ngelepus udud, deui ngelepus make hurup u, tungungna s ngalambangkeun
haseup nu suak seok ngapung katebak angin.
Melenyun udud, ieu oge kecap panganteur, cocog oge jeung kaayaan sikep biwir
nu keur udud. Melenyun tungtungna nyun nyaeta manyun tea.
Hurup u oge ngalambangkeun dua ramo curuk jeung tengah ngabentuk hurup u
(di sunda teu aya V) udud dicepengna ku curuk jeung tengah lin? Kecuali nu
curukna bareuh diseureud bangbara.
Udud dibungkus diwadahan, nyokotnya didudut. Tina dudut jadi udud, teu jauh
beda.
Naon balukarna udud?
Pamajikan jamedud da kaganggu, sarua dudna.
Panyakit dina dada (paru-paru) sarua dobel d na. Sanajan loba oge nu tahan
teu kaserang panyakit dada.
Udud mun dibalikeun jadi dudu, asal kecap tina duh.... duh....atawa aduh....
aduh...
Pamungkas, ngucapkeun udud meh sarua jeung sora klakson mobil sedan, mun beus
sorana lain udud tapi tidid.........
Wasalam,
Kang Santosa
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: teu wasa bah, bisi jadi
waras. bisi cageur. sieun ah...
On 6/5/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Jang Gendhud mah sok
kitu ah..
sok atuh sakali-kali mah tandang makalangan.
Keun we dipedar ku Kang Ndud oge da rido...
hi hi
-dul-
__
--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.