Baraya.. Hade-na mah urang teh teu kudu ngomongkeun nu kararieu, Da Kusnet mah milis Sunda, lain milis Agama.
Mangga dibaraca jeung tengetan deui hiji-hiji aturan milis dihandap ieu. meh teu parasea. Ngalarti meureun ... Mun can ngarti, nya mangga ngacung. Mun geus ngacung can ngarti keneh, geura ngapalkeun deui...ulah ceting wae..! Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet] 1.Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna di mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki, sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun kedah jentre. supados teu disasaha. 2.E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah jeung loma. 3.Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa nasional atawa Inggris. 4.Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire, jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon. 5.Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang. 6.Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar /pieunteungeun. 7.Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. 8.Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, wadah di darat KUSnet. -dul- kuncen #8 --- In [email protected], "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > haha... tadina mah moal nek ngiluan. ieu ge ukur hayang nanya wungkul. eta > tah ngeunaan undang-undang nu ngalarang nyiarkeun agama kanu tos ngagem > agama. bieu nyobaan googling sakeudeung, tapi teu manggih. sugan aya nu apal > dina uu mana aya pasal jiga kitu? sugan ari ningali langsung bisa > ngajelaskeun deuih maksud siar di dinya naon. > > rada bingung atuda... dina tipi UMUM sok aya 'pangajian' agama. ari cek > kuring mah eta jadi salah sahiji nyiarkeun agama ka nulain agamana padahal > maranehna geus ngaragem agama.... > > kabingung nu kadua... naon nu dimaksud agama? naha nu ukur diangkeun ku > nagara? ukur islam,karesten,hindu,budha jeung kong hucu (heuheu impor kabeh) > wungkul? lamun kitu, jeung lamun bener urang meunang nyiarkeun (naon wae > definisina... kaasup maksa boh fisik, ekonomi jrrd) ka nu acan boga agama di > luhur, meunang? padahal maranehna geus baroga 'agama'? asa teu adil!! > > kuring, > dudi > > On 6/6/07, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Abdi cuma ngelingan ka diri nyalira hususna, oge ka para warga pasundan > > umumna. Abdi nyaah ka warga Pasundan, teu tega mun Urang Sunda digebruskeun > > jadi murtad. Yeuh, tingal Urang Eropa pangpangna nu nuju aheng ayeuna di > > Denmark, maranehanana meni gencar ngalawan pengislaman Eropa. Tun tingali, > > dina kasalahan oge maranehna meni gencar, Padahal niat urang alus jang > > nyalametkeun maranehanana di aherat. Naha urang anu aya dina bebeneran > > cicing wae???abdi emut keneh pelajaran PPKn pas SMP, Aya salahsahiji pasal > > dina UU anu nyebatkeun yen ulah nyiarkeun agama kanu tos ngagem agama. > > > > **

