Sapuklah, kumaha mun dina ieu milis teh aya urang karesten. Meureun bakal ngirim email: "Awas ati2 aksi para kiai. Islamisasi di indonesia!" jste.
--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya.. > Hade-na mah urang teh teu kudu ngomongkeun nu kararieu, > Da Kusnet mah milis Sunda, lain milis Agama. > > Mangga dibaraca jeung tengetan deui hiji-hiji aturan milis > dihandap ieu. meh teu parasea. Ngalarti meureun .. . > Mun can ngarti, nya mangga ngacung. Mun geus ngacung can ngarti > keneh, geura ngapalkeun deui...ulah ceting wae..! > > Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet] > > 1.Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa > nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, > ayeuna di mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan > pancakaki, sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. > nepangkeun kedah jentre. supados teu disasaha. > > 2.E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah > ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae > asal ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa > merenah jeung loma. > > 3.Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami > patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] > ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa > nasional atawa Inggris. > > 4.Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire, > jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon. > > 5.Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang. > > 6.Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda > mah komo]. > Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar /pieunteungeun. > > 7.Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu > diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. > > 8.Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, > wadah di darat KUSnet. > > > -dul- > kuncen #8 > > > > --- In [email protected], "Dudi Herlianto" > <dudi.herlianto@> wrote: > > > > haha... tadina mah moal nek ngiluan. ieu ge ukur hayang nanya > wungkul. eta > > tah ngeunaan undang-undang nu ngalarang nyiarkeun agama kanu tos > ngagem > > agama. bieu nyobaan googling sakeudeung, tapi teu manggih. sugan > aya nu apal > > dina uu mana aya pasal jiga kitu? sugan ari ningali langsung bisa > > ngajelaskeun deuih maksud siar di dinya naon. > > > > rada bingung atuda... dina tipi UMUM sok aya 'pangajian' agama. > ari cek > > kuring mah eta jadi salah sahiji nyiarkeun agama ka nulain agamana > padahal > > maranehna geus ngaragem agama.... > > > > kabingung nu kadua... naon nu dimaksud agama? naha nu ukur > diangkeun ku > > nagara? ukur islam,karesten,hindu,budha jeung kong hucu (heuheu > impor kabeh) > > wungkul? lamun kitu, jeung lamun bener urang meunang nyiarkeun > (naon wae > > definisina... kaasup maksa boh fisik, ekonomi jrrd) ka nu acan > boga agama di > > luhur, meunang? padahal maranehna geus baroga 'agama'? asa teu > adil!! > > > > kuring, > > dudi > > > > On 6/6/07, netta fahad <nettafahad@> wrote: > > > > > > Abdi cuma ngelingan ka diri nyalira hususna, oge ka para warga > pasundan > > > umumna. Abdi nyaah ka warga Pasundan, teu tega mun Urang Sunda > digebruskeun > > > jadi murtad. Yeuh, tingal Urang Eropa pangpangna nu nuju aheng > ayeuna di > > > Denmark, maranehanana meni gencar ngalawan pengislaman Eropa. > Tun tingali, > > > dina kasalahan oge maranehna meni gencar, Padahal niat urang > alus jang > > > nyalametkeun maranehanana di aherat. Naha urang anu aya dina > bebeneran > > > cicing wae???abdi emut keneh pelajaran PPKn pas SMP, Aya > salahsahiji pasal > > > dina UU anu nyebatkeun yen ulah nyiarkeun agama kanu tos ngagem > agama. > > > > > > ** >

