Wa, bade tumaros, sok ngadangu,"Aki-aki kolot kumaneh"... tah pami eta kumaha?

Nuhun,
ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 06/06/07 02:14PM >>>

Mukaan kamus dina entri kecap "maneh"
1. KUBS LBSS : maneh; 1.kecap gaganti ngaran keur jalma kadua " ieu buku bikeun 
ku maneh ka Kang Adun..", 2.diri pribadi,nyangsara maneh anu hartina nyangsara 
diri pribadi, maehan maneh maehan diri pribadi, sing bisa mawa maneh sing bisa 
campur gaul bari teu kudu kabawakeun ku nu teu bener.
2. Dina Kamus Sunda-Sunda Satjadibrata : maneh, hartina gaganti ngaran jalema 
kadua, 2. nuduhkeun diri pribadi
3. Dina Kamus Sunda Danadibrata : maneh ; gaganti ngaran jalema kedua, 2. kecap 
pikeun nuduhkeun diri pribadi.
dina kamus anu sanesna ge hartosna maneh ampir sami siga kitu.
( cing engke urang taroskeun ka ahlina dina waktos kursus budaya 
Sunda.....sugan we teu hilap kitu ge....he he...
)
MSasmita.

Kirim email ke