Leres Kang Tatang, numutkeun sesepuh didieu, Bpk Agoes Adiman Sadkar, oge sami nya disungsi teh diusut, dipaluruh, diteangan. Nanging upami kamari mah kecap sungsi teh digunakeun pikeun mere saran sangkan 'disungsi' / 'dipaluruh' dialamat ieu. Ana dibuka teh geuning link kana file pdf anu kantun diprint atanapi didownload. Tah... ari kecap 'download' naon padanan harti basa Sundana? Manawi tos aya....
--- In [email protected], "kang boim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > haturan aki Tams..., > pami teu lepat hartosna "disungsi" teh sami sareng diteang atanapi > dipaluruh/ditingali... > sakitu panginten...punten bilih lepat....nuhun, > > "kkbm'69" > > On 6/14/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten tumaros, dupi hartos "disungsi" teh maksadna naon nya? Can gaduh > > kamus. > > Hatur nuhun. >

