Haturnuhun Kang MJ sareng Kang Dudi. Abdi ge sering pisan nyebat 'langkung' teu
nganggo 'tibatan'. Waktos penelitian di halimun (citalahab sentral&ciptagelar),
karaos pisan yen 'spiritualitas&kebatinan' (punten, nambut istilah penulis) teh
janten bagian dari sbagian besar kehidupan masyarakat.
Janten rada kumaha kitu ... upami nyebat 'jiwa' masyarakat Kasepuhan nganggo
istilah 'spiritualitas&kebatinan' teh kadanguna sami sareng misahkeun
spiritualitas sareng non-spiritualitas. Da menurut abdi mah, sami sareng sagala
anu diserat di kitab-kitab nu sakitu dihormat ku manusia (sareng malaikat
jste), wangsit oge logis, urang di dunia teh hirup kusabab dipasihan kesempatan
kanggo belajar mekanisme nu nyebabkeun eta fenomena alam & sosial atanapi
ekonomi, sosial, kultural/budaya sareng simbolik (nambut istilah Bourdieu),
jste logis (nambut definisi logis = anu tiasa dijelaskeun/ngajelaskeun sareng
mangpaat).
punten upami lepat ...
punten deui, rada teu gaul ieu teh, FSRD teh dupi singkatan tina naon ...
keueung kitu nya ...
=),
dini harmita
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: narosna kedah
kanu ngadamel artikel 'jurnal' eta teh Dini. duka
ngiringan kusnet duka henteu. ari nilik sakolana mah ti Geodesi ITB.
naha geodesi jig-jig ka dinya nya. tapi teu nanaon ketang, ngukur
taneuh, nya manggih sagala rupa.
ari nilik jurnalna mah nu urang Fakultas Seni Rupa & Desain, tapi
noong nu ngurusna mah, kang Acep Iwan Saidi oge Asep Wawan Gunawan
mah di itb-na dosen bahasa Indonesia, kang Asep Wawan malah dosen
bahasa indonesia si kuring pisan kapungkur. dosen bahasa indonesia oge
mkdu sanes nu masih bahasa, ngumpul handapeun Sosioteknologi, siga
jurusan tapi sanes di FSRD. mun di kampus sanes mah UPT -unit
pelayanan teknis- Mata kuliah dasar umum (mkdu).
kang acep iwan saidi teh oge kepala perpustakaan fsrd itb. tepangan we
di perpus fsrd. mun keueung, ke dianteur. hehe
On 6/13/07, dini harmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "Oleh karena itu, masyarakat adat kasepuhan Ciptagelar lebih kental dengan
> unsur-unsur spiritualitas dan kental juga dengan unsur kebatinan."
>
> Punten, kusabab skripsi abdi oge aya nu nyangkut perkawis 'wangsit', janten
> hoyong naros: maksad 'lebih' dina kalimat di luhur teh tibatan naon?
>
> Haturnuhun,
> dini harmita
>
>
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news,
photos & more.