Sae pisan aki tams, mungguh hirup di dunya ieu teh lain ngan ukur
nyengceurikan jeung nyengseurikeun kadunyaan wungkul ceunah mah J. Tapi
sabelegenjeur ieu awak estu di "seba" keun enggoning ngalakukeun parentah
sareng nebihan sagala rupi anu di larang Allah, nyaeta anu disebut ibadah
tea, apan jugrug dina ayat alQur'an yen teu samata-mata Allah nyiptakeun jin
jeung manusa iwal ti supaya maranehna ibadah ka Allah Ta'ala (AdDzariyaat
56).

 

Perkara lalampahan hirup, nya kitu keneh deuih, apanan ceunah sa ditiupna
ruh ka si utun inji, nya ti harita lampah hade jeung goreng, milikna, jodo
na jeung rea-rea deui tug dugika iraha urang bakal balik deui ka Mantenna
parantos di catet di lauhul mahfudz.

Tapi asa aya hiji hal anu bisa di adugundem keun leupas tina perkara qadha
jeung qadar na hiji manusa, nyaeta urang longok dina ayat 11 surat ArRaad
(urang ala tengahna), ..Saestuna Allah moal ngarobah kaayaan hiji kaom tug
dugika maranehna boga paniatan ngarobah kaayaan maranehna sorangan..

 

Dina ieu perkara, sanes kuring cologog nyanyahoanan, ngan urang kolongan,
antara takdir jeung kahayang jalma salaku makhluqNa, mereun didieu merenahna
eta judul "hirup teh pilihan", sanajan ayat dina surat arRaad tea geus
nembrak tungtungna yen lamun Allah Kawasa nangtukeun kagorengan oge ka hiji
jalma, ngan dimimitian ku hiji kalimah "Allah moal ngarobah kaayaan jalma
saacan manehna ngarobah kaayaan maranehna" anu pihartieunana yen Allah teh
masihan kawenangan ka urang pikeun "ijtihad" atawa ceuk kasarna mah
nangtukeun mana anu bener jeung mana anu salah, keun mereun ari cunduk kana
perkara husnul khatimah atawa su'ul khatimah mah nya kaasupna kana Kawasa
Allah tea, ngan ninggang di "nangtukeun pilihan", kuring nga artikeunana yen
Allah moal pati mere kaleuwihan ka jalma mangrupa otak keur mikir lamun
hirup salawasna teu mirosea kana pilihan eta alias nyurup kana laku robot.

 

Ku ieu perkara, nya pating pucunghul para nabi jeung rasul, anu kapasitasna
teu beda ti urang ngan boga kaleuwihan nyaeta diutus langsung ku Allah
wungkul, para nabi jeung rasul tugasna mirosea ka kaumna sangkan miboga
pilihan tea, nyaeta ngajak ka urang supaya milih anu pinilih, milih anu
dipika ridha ku Allah Tabaraka wa Ta'ala. Da ari bener jeung henteuna
mungguh ceuk manusa, apan can bisa disebut bener lamun ceuk agama can bener,
kitu deui perkara salahna. 

Barabat dalil jeung laku lampah rasul di beberkeun dina kahirupan sapopoena,
nyaeta supaya lempeng lalampahan mungguh karidhaan Allah keur urang
sadayana. 

 

Jadi ceuk si kuring, hirup teh pilihan, mereun mun ditingali dina kaca
kadunyaan, keun wae ari memang kudu kitunamah da lamun balik deui kana
urusan pasipatan jelema, nyaeta nandonkeun kamotekaran daya pikir keur
nangtukeun mana anu bener jeung mana anu salah, tapi mun ditilik tina kaca
ka kaakheratan, nya bener yen hirup teh anugerah Allah anu sa ujrat na kudu
di syukuran ku cara meuli nikmat Allah ku mangrupa ibadah anu jelas, shahih
alias bener sakumaha manungtun Allah ngalangkunan RasulNa Muhammad
sallallahu 'alayhi wa sallam.

 

Punten aki tams, sok pipilueun wae yeuh J J..

 

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Tatang Sariman
Sent: Sunday, June 17, 2007 3:41 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Hidup Adalah Pilihan

 

Pamadegan aki tams, hirup teh sanes pilihan, tapi hirup teh "anugrah Alloh
ka mahlukna". Teu pernah aya carita mahluk anu kasebat jelema daftar ka anu
masihan hirup hayang hirup atanapi hayang jadi naon kituh?? Urang sadaya
ditakdirkeun/dipasihan bari teu pernah menta hirup dugi ka ayeuna.  

 

Dina sajeroning nampi hirup/ nyawa ieu, urang memang mayunan dua perkara,
nyaeta perkara-perkara anu sae sareng anu awon. Tah palebah ieu lelembutan
dina hate urang ngangken, mana anu sae sareng mana anu awon, tah eta dhomir
anu salamina sasarengan sareng godaan nafsu. dhomir ngajak kana perkara anu
sae, tapi nafsu ngajak kana perkara anu awon. 

 

Wallohhualam.

"Suarsa, Roni" wrote:

 <http://www.pusatresume.com/index2.php?userid=subiyanto>
http://www.pusatresume.com/index2.php?userid=subiyanto  

Kunjungi homepage tersebut untuk mendapat materi dan penghasilan
lain-lain...

Hidup Adalah Pilihan.




Kirim email ke