Bah Willy,
Abdi rajeun ngabandungan tokoh ieu boh dina surat kabar, TV, buku anjeuna oge
situs-situs ngeunaan Betawi. Anjeuna sering nyanyandak tokoh Siliwangi,
Purnawarman, Kian Santang sareng nu sanesna ti urang Sunda baheula upami di
taros ngeunaan Jakarta. Tapi kumaha nya....rarasaan teh?!
Pak Ajip wae dituduhna sangeunahna pisan, bari ku basa anu garihal cenah ceuk
dina koran mah! Pan pak Ajip nu "ngaku resmi" urang Betawi teh sacara buku
Enclopedia Sunda mah(saurna ieu oge). Pelajaran basa Sunda di Bekasi dianggap
"pemerkosaan budaya"? Pan anjeuna tokoh budaya...ngarang buku oge.
Aya naskah Pangeran Wangsakerta ti Cirebon...Pak Tokoh ieu "gancang ngaku"
yen orang betawi turunan Aki Tirem nu gaduh putri Nyi Pohaci Larasati, hiji
tokoh nu bubuara di deukeut situ di daerah Jakarta Utara! Rada
rieut...ngabandunganana atawa abdina nu odob hoyolototak?
Nu kabandungan, Fauzi Bowo oge kantos nyarios anu sami ngeunaan serangan
Sultan Agung ka Batavia! Saurna seueur imah-imah urang Betawi disisi walungan
Ciliwung anu reksak jeung diduruk ku pasukan Mataram.
Betawi...urang Sunda nu kabandungan kalolobaanana nyebut Batawi tepika
ayeuna. Rek kamana euy? Arek nyaba ka Batawi! Deukeut ka ngaran tempat, dayeuh
tempat Walanda baheula. Asalna tina kecap "pungku tai" (kotoran jelema nu
dijadikeun pelor) ceuk dina buku Babad Tanah Jawi. Duka nu mana nu leres!
Mangga atuh guar Bah, sajarahna Batawi, urang Betawi teh, hoyong pisan abdi
nguping ti urang Sunda sorangan ngeunaan ieu. Tadina mah, mamanawian dibahas
dina buku "Sajarah kota-kota di Jawa Barat" mung lapur teu aya, ngabahasna mung
Jawa Barat versi RI sanes versi Walanda.
Haturnuhun sateuacanna.
Porenges
*Abdi langkung condong ka pendapat urang barat (australia?) oge panalungtik
UI daripada guaran ti pangeresana Pak Ridwan Saidi ngeunaan sajarah batawi.
Duka karna asa ngaleuleungit teuing urang Sundana duka abdina nu rada-rada odob
oge. Hehe
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jakarta cenah milangkala 22 Juni, sabab di tanggal 22 Juni eta
kurang leuwih 500 taun katukang, pasukan Fatahillah (Falatehan) ti
Demak ngelehkeun pangawasa palabuhan Sunda Kalapa (Palabuhan
Pajajaran) terus ngaganti aranna jadi Jayakarta.
Saurang Tokoh Betawi, Ridwan Saidi ngaku sedih, tibatan gumbira kana
kajadian ieu, saperti wartos tina Kompas, 23 Juni 2007 :
Ridwan Saidi:
Hati Saya Perih
Menyambut ulang tahun Jakarta tanggal 22 Juni, tidak semua orang
Betawi bersukacita. "Hati saya perih. Pada tanggal itu 3.000 rumah
orang Betawi yang di pinggir laut dibakar pasukannya Fatahillah.
Bagaimana mau senang? Apa yang mau kita rayain, orang Betawi
terpaksa ngungsi ke balik gunung," kata Ridwan Saidi, budayawan
Betawi, yang ditemui Selasa (19/6) sore di Jakarta.
Lelaki kelahiran 2 Juli 1942 ini lalu menuturkan peristiwa abad ke-
16 ketika Prabu Siliwangi mengangkat orang Betawi, Wak Item, sebagai
Syahbandar Kelapa.
"Enggak ada yang tahu lahirnya kapan, tetapi kita semua tahu
meninggalnya: 22 Juni," tutur Ridwan.
Wak Item dengan 20 pengawalnya lalu berhadapan dengan pasukan
Fatahillah. Syahbandar itu tewas dan orang Betawi mengungsi
ke "balik gunung".
"Dulu, sekitar Gedung Arsip Nasional ke arah tengah kota ada bukit,
namanya Blauwe Bergen, Bukit Biru," lanjut Ridwan mengutip sumber
sejarah dan litografi.
"Jadi, merayakan HUT Jakarta yang mana? Itu sama seperti orang Irak
merayakan hari penyerbuan Amerika Serikat ke negaranya," ujar
anggota DPR dari Partai Persatuan Pembangunan periode 1977-1987 ini.
(NMP/SHA)
---------------------------------
Boardwalk for $500? In 2007? Ha!
Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games.