kang dede, novel sejarah gajahmada ayeuna geus nincak nu kalima: madakari pura hamukti moksa. cek sababaraha milis perbukuan jeung testimonial di sababaraha blog mah ieu novel kaitung alus. tapi... sikuring can pernah maca hehe ngantosan kang asep ;))
kang asep cobi ka inibuku.com... simkuring tos sababaraha kali meser buku ka dinya lumayan nyugemakeun pelayananna. euceukna mah langkung murah tibatan gramedia (kuring can pernah ngabandingkeun). upama meser langkung ti 100 rebu gratis biaya pengirimanna, kanggo urang jakarta. dh On 6/27/07, Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Enya kang! Pan cenah anu abadi mah ngan perobihan eta sorangan. Kang milarian buku Langit kResna Hadi mah gampang..ka Gramedia wae. tah upami teu aya, sok aya komputer anu eusina database tinggal klik he..he... Tos aya 4 jilid upami teu lepat mah. Jilid anu katilu judulna Perang Bubat.(*ke upami tos meser abdi nambut nya kan*g! tong wawartos ka batur!).sakantenan we sareng jilid nu ka 4 kang ..he..he..(punten sanes iklan......), sanes ngadukung Langit Kresna Hadi oge ngan didinya aya patula patalina sareng urang sunda. Abdi mah resep kana sajarah teh, boh ancient boh sajarah kontemporer...boh sajarah dunya atawa sajarah lokal. Dede Sahman Anu matak narik, sababaraha abad kapayunna, karajaan Romawi janten imperium anu oge ngawasa wilayah karuhunna di Turki. Dina sababaraha abad kapayunna deui. Urang Turki (anu sakaruhun sareng urang Romawi) balik ngalawan sareng ngarebut Romawi Timur waktos jaya-jayana kasultanan Turki. Sababaraha abad kapayunna deui, urang Turki merangan urang Yunani sareng hasil ngarebut Siprus. Ayeuna Siprus satengahna masih dikawasa ku Turki. Janten kacindekannana, kajayaan sahiji bangsa henteu abadi; kapungkur aliansi Yunani ngagempur sabagian Turki, sababaraha puluh abad kapayunna Turki sabalikna ngagempur Yunani sareng ngarebut sabagian Siprus (sabagian Yunani). Eta salah sawios pelajaran anu tiasa dipetik tina sajarah. Ngeunaan buku anu dikarang Langit Kresna Hadi, eta teh buku naon? Sanes komik 'nya? Teras dimana tiasa digaleuhna? Wassalam, Asep
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

