Jaman baheula kuring keur leutik (nggak baheula2 banget sih...), di radio Garut mah kakawihan ieu dipake pikeun iklan Adi Surya, hiji toko elektronik anu kawentar.
trang trang kolentrang si londok paeh nundutan tikusruk kana durukan mesat gobang kabuyutan trang trang kolentrang si londok paeh camberut televisi hurung-herang* ayana di Kota Garut trang trang kolentrang si londok teu walakaya televisi hurung-herang* ayana di Adi Surya * asana mah teu sarua, perenah nu benerna mah geus poho deui samemeh lalaguan eta, aya adegan (sora wungkul ketang) astronot keur hiber di luar angkasa. Di jero pesawatna aya dua tipi. Tipi nu kahiji teu bisa nampa sinyal, ari pas diganti ku tipi nu kadua nu dibeuli ti Adi Surya.... cekassssss.... heuheu... Hebat nya.... toko elektronik wae iklanna ni futuristik, sarua jeung lagu Ka Bulan (duka naon judul aslina tah) On 6/28/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Trang-trang kolentrang Si londok paeh nundutan Tikusruk kana durukan Mesat gobang kabuyutan
-- sikandar kumincir.blogspot.com

