Lagu ieu pami teu lepat aya dina buku Pamekar Basa duka jilid ka sabaraha, buku 
pangajaran basa sunda taun genepuluhan. Dina buku ieu aya tambahna sabaris
  janten kieu
     Trang-trang kolentrang
  Si londok paeh nundutan
  Tikusruk kana durukan
  Mesat gobang kabuyutan
   
  Nyeh prot nyeh nyeh prot
   
   
  Ieu lagu lain keur kaulinan tapi minangka jampe jampe anu bisa dilagukeun, 
upami teu lepat jampe keur ngeureunkeun hujan. Nu ngarana basa jampe, memang 
basana sok teu puguh, kadang kadang eusina ngan sabaris sesana sampiran. Lagu 
ieu eusina ngan baris kahiji wungkul trang trang kolentrang, minangka sora 
kohkol atawa naon bae nu ditakol, keur ngeureunkeun hujan, kapercayaan 
animisme. Tilu baris saterusna sampiran, eusina ukur sindiran, sesuai jeung 
kayaan harita jaman dijajah walanda. Sigana ieu teh keur nyindir Walanda nu 
eleh perang, tipayun tos dicarioskeun. Kunaon teu aya hubungan kalimat, kedah 
naros ka pengarang, ngan jelas baris pamungkas murwakanti jeung baris baris 
saacana, ditungtungan ku "an", Ngan ceuk sim kuring mah kaci teu aya hubungan 
oge, da ngarana ge sampiran, janten didieu aya dua sindiran.
  Tambahan nyeh prot nyeh nyeh prot, sigana nu ngajampe nyiduh prot prot prot 
... ngarah jampena dikobul.
  Saterusna jampe jampe ieu dijadikeun nyanyian biasa, Ngan sakaterang sim 
kuring mah asa teu aya kaulinan murangkalih nu make lagi ieu.
  Hapunten bilih lepat... mangga dikoreksi.
   
  Salam
  Kang Santosa
   
   
   
   

  

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Harrr...ari Aki Tams, pan londokna ge paeh...moal enya naros kanu 
paeh? Moal diwaler atuh Ki...heheh...
Nuhun baraya kana waleranana, tapi punten teu aya nu nyugemakeun waleran teh... 
(nya panginten da sanes nu ngarangna...hihihi)
Masih keneh panasaran yeuh...  
   
  ro2
barigagaroteuateultea
   
  >>> [EMAIL PROTECTED] 06/28/07 03:14PM >>>
   
  Taros atuh ka si londok
  Pan londok anu mesat gobang-na oge
  Meni sesah-sesah
  

         


              
---------------------------------
Park yourself in front of a world of choices in alternative vehicles.
Visit the Yahoo! Auto Green Center.

Kirim email ke