Pamali, Buyut , Cadu memang aya dina budaya Sunda. Ieu mah lain dek ngabahas 
harti jeung manfaatna tapi rek ngadongeng ngeunaan budaya CADU. Caritana jaman 
simkuring sakola di Sakola Rakyat (SR), taun 1940-1950 an tong boro make 
seragam cara ayeuna suku oge sok dilagar alias nyeker tara disapatu teu 
disendal sendal acan. Kocapkeun sakola ningkat ka Sakola Menengah Pertama (SMP) 
harita mah ngan aya di kota Kabupaten (di Tasikmalaya ) atuh anu arasup teh ti 
kawadanan jeung kacamatan sabundeuranana. Caritana sanggeus jadi murid SMP 
kabeh murid kudu make sapatu lamun di sakola. Guru Pengawasna kasebut setreng 
,galak jeung tegas. Anjeunna lain urang Sunda tapi urang Aceh, jenenganana pak 
Zainudin. Unggal poe ngontrol barudak bisi teu make sapatu. Tah si Adang urang 
Ciawi, mindeng dicarekan sabab ka sakola tetep nyeker. Nepika hiji poe mah 
manehna hing hing ceurik, terus ninggalkeun sakola. Isukna rada ibur di sakola, 
sabab aya kolot ngamang ngamang bedog neangan pak Zainudin.
 Tuluy disanghareupan ku pak Yoyo (Kepala SMP), ditanya ku naon nepika kitu. 
Nerangkeun turunan manehna mah CADU MAKE SAPATU, lamun anakna dipapaksa rek 
dikaluarkeun budakna atawa pak guruna dipaehan cenah, Duka tah terasna lalakon 
ieu sugan aya anu nengetan di KUSNET, tapi nu penting kitu tah urang Sunda 
nohonan PACADUAN teh.
Wassalam DP.
mojang_akank <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Mun abi mah pantrangan oge sok 
nunjuk kana katuangan sok nyebatna 
teh dipantrang atawa pantrangan..."saprak gering kuring ayeuna mah 
loba pantrangan kana dahareun"
Pami pamali aturanna kaluar tina hasil budaya/adat karuhun pami 
pantrangan mah henteu. 
Leres kitu ? teuing atuh....heuheuheu

Neng Iva

--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Euh... eta sugan kuduna mah di dinya nu leuwih nyaho. heuheu...
> 
> Ari pamali mah nu dipikasieun teh 'matak'na, ari pantrangan atawa 
buyut mah
> meureun aya ancaman hukuman anu ditibankeun ka nu milampahna, 
misalna diusir
> atawa teu diajenan deui ku masarakat, atawa malah dikaluarkeun ti 
lingkungan
> masarakatna. Mun dina Islam mah meureun bisa disaruakeun jeung 
haram.
> 
> On 6/28/07, A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > abdi mah bade tumaros heula, sami henteu antawis kapamalian, 
pantrangan,
> > jeung buyut?
> >
>



         



       
---------------------------------
Got a little couch potato? 
Check out fun summer activities for kids.

Kirim email ke