Preman
   Rampog 
   Preman
   Rampog 
   Preman
   Rampog 
   
Preman
   Rampog 
   Preman
       
Rampog 
   Preman
   Rampog 
   Preman
   Rampog 
   Preman
       
Rampog 
   Preman
   Rampog 
   Preman
    
    
    
       
Preman
   Rampog 
   Preman
   Rampog 
   Preman
   Rampog 
   Preman
   Rampog
   
Preman
       
Rampog
   Preman
   Rampog
   
Preman
   
Rampog
       
Preman
    
   Rampog
   Preman
   Pamajikan P
   Preman
   Rampog
   Pamajikan P
   Preman
   Rampog
   Pamajikan P
   Preman
   Rampog
       
Pamajikan P
   Rampog
   Pamajikan P
   Rampog
   Preman
   Pamajikan P
   Rampog
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
         Rampog Jeung Preman
   Kacaritakeun hiji mangsa aya rampog anu rek ngarampog hiji   imah, Reg 
motorna dieureunkeun hareupeun imah anu rek dirampog
    
   : Saha Etaa…!
   : Abdi Bapa…
   : Eh..da sayah mah teu pesen ojeg..
   : Punten Bapa da abdi mah sanes ojeg, abdi mah Rampog
   : Ooh..Sugan teh Ojeg...rek kasaha kitu ?
   : Punten Pa abdi bade ngarampog Bapa, supados teu guyur,   mangga serahkeun 
harta bapa
   : "Haaaaaaahh… baruk rek ngarampog..?"
   : Muhun bapa, abdi teh bade ngarampog bapa
      : "Naha..aria   sia teu ngadeleh...!? deuleu ku sia aing teh 
saha...tatanya heula atuh   rek   ngarampog   teh..!"
   : Muhun Bapa, abdi oge terang, saha ari bapa teh
   : Naha atuh   bet nanya deui ari apal mah, cikan urang tes Saha ari ngaran 
aing ?
   : Wah perkawis namimah gampil atuh Pa
   : Cikan saha ari aing teh..!?
   : Sok atuh ningali KTP bapa
      : Tobaaaaaaaaatt...aing mah, ari sia jadi rampog teh meni   
belegug..Kaditu tanyakeun ..saha  ari aing teh, tuh   ka tukang beca oge 
arapaleun.!"
   : Punten atuh sakedap dikantun abdi bade tumaros heula ka   tukang beca.
   : Heueuh jig kaditu..ku aing didagoan didieu
   : Permios Bapa…
   : Belegug siah…jig-jig kaditu…!
    
   Teu pati lila torojol deui eta rampog datang ka imah   Preman, ari si Preman 
geus ngabedega di tepas imah bari   nulak cangkeng.
    
   : Enggeus tatanya teh ?
   : Parantos Bapa..
   : Saha ceunah aing teh ?
   : Numawi Bapa tukang becana teu terangeun..
   : Piraku tukang beca teu apaleun ka dewek…!
   : Leres pisan Bapa..teu ngabohong abdi mah da
   : Ah..moal enya euy..aing teh kapanan kakoncara dilembur   ieu teh
   : Numawi Bapa..tadi teh saur tukang beca teh anjeuna   nembean mangkal 
dilembur ieu.
   : Heuuuuuuh…paingan atuh, sia anu belegugna mah, naha   bet tatanya ka jalma 
anu teu apaleun ka aing.
   : Ke atuh abdi bade tataros ka Pak RT
   : Sakalian kaditu tanyakeun ka pulisi…!
   : Kinten-kintena tepangeun kitu pulisina ka Bapa, boh   bilih we jiga tukang 
beca anu tadi.
   : Nya heueuh atuh apaleun pisan ka aing mah..kapanan aing   the karek kaluar 
dipanjara..!
   : Beu…kutan Bapa teh nembe mulih ti panjaranya ?   aduh..upami kitu mah abdi 
lepat bumi atuh..punten we atuh nya.
   : Heug ku aing dihampura, ngan tong sakali-kali deui boga   kalakuan kitu 
teh..doraka siah, aing mah ngabejaan we ka maneh. Sok ayeuna   mah asup ka 
jero..tuh aya kopi-kopi bae mah.
   : Muhun Bapa ku abdi diperhatoskeun
   : Ibu-ibu…cikan pangnyieunkeun kopi dua gelas…yeuh aya   rampog anyar.
   : Haaaaaaahh…baruk Rampog Bapa..?!
   : Enya…! Sok burukeun karunya tah geus hayangeun nginum
   : Ah..sawios..ibu ….entonglah..entong lami teuing
   : Yeeyy..dasar nu garelo..
   : Sok diuk…kadinya.
   : Nuhun bapa
   : Bapaaaaaaa…..ieu geura gulana seep…sawios ngangge   uyah..?
   : Aeh..ari si Ibu…piraku Bapa disaruakeun jeung sapi..
   : Sawios atuh Bapa teu kedah repot-repot, ke atuh abdi   meser gulana, 
kaleresan abdi aya artos kenging nyopet tadi di pasar.
   : Haaaaaaahh…baruk meunang nyopet..?  
   : Muhun kenging nyopet Ibu..tadi di pasar
   : Urang mana anu boga dompet eta ?
   : Ari maos KTPna mah, urang kampung burahol RT.25 RW 30   nomer bumina 2007
   : Harrr..kapanan eta mah alamat didieu….ibu kacopetan teu   ?
   : Heueuh..kutan sia anu nyopet dompet aing teh…balikeun   siah kadieu..
   : Uluh…sugan teh sanes nu Ibu..punten atuh tah ieu   dompetna… (lung 
dialungkeun..tuluy beretek lumpat kaluar ti imah)
    
    
   Ditulis ku Kebo Hideung    Perum MB E-337
   Kategori : Ngawadul
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
    
        
       
---------------------------------
 
 Real people. Real questions. Real answers. Share what you know.

Kirim email ke