Mun nu kieu sim kuring masih keneh ngalaman waktu mumur umur genep tahun di 
lembur Banjar. Waktu keur arulin galah di buruan jeung babaturan dumadakan 
hujan poyan, euweuh nu ngomando deui dan geus kabiasaan, bari nyiwit ceuli 
saeutik, jalan jalan bari huhujanan bari dinyayikeun kieu:
                 "Hujan poyan nyiwit ceuli saeutik"
sabaris, ngan diulang ulang terus.


Santosa

brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Tah sumuhung Kang....sami! Sok dilagukeun upami hujan poyan, supados liren 
ngeprulna, bari nyiwit ceuli sakedik.
   
  porenges
   
  trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Lagu ieu pami teu lepat aya dina buku Pamekar Basa duka jilid ka sabaraha, 
buku pangajaran basa sunda taun genepuluhan. Dina buku ieu aya tambahna sabaris
  janten kieu
      Trang-trang kolentrang
  Si londok paeh nundutan
  Tikusruk kana durukan
  Mesat gobang kabuyutan
   
  Nyeh prot nyeh nyeh prot
   
   
   Ieu lagu lain keur kaulinan tapi minangka jampe jampe anu bisa dilagukeun, 
upami teu lepat jampe keur ngeureunkeun hujan. Nu ngarana basa jampe, memang 
basana sok teu puguh, kadang kadang eusina ngan sabaris sesana sampiran. Lagu 
ieu eusina ngan baris kahiji wungkul trang trang kolentrang, minangka sora 
kohkol atawa naon bae nu ditakol, keur ngeureunkeun hujan, kapercayaan 
animisme. Tilu baris saterusna sampiran, eusina ukur sindiran, sesuai jeung 
kayaan harita jaman dijajah walanda. Sigana ieu teh keur nyindir Walanda nu 
eleh perang, tipayun tos dicarioskeun. Kunaon teu aya hubungan kalimat, kedah 
naros ka pengarang, ngan jelas baris pamungkas murwakanti jeung baris baris 
saacana, ditungtungan ku "an", Ngan ceuk sim kuring mah kaci teu aya hubungan 
oge, da ngarana ge sampiran, janten didieu aya dua sindiran.
  Tambahan nyeh prot nyeh nyeh prot, sigana nu ngajampe nyiduh prot prot prot 
... ngarah jampena dikobul.
   Saterusna jampe jampe ieu dijadikeun nyanyian biasa, Ngan sakaterang sim 
kuring mah asa teu aya kaulinan murangkalih nu make lagi ieu.
  Hapunten bilih lepat... mangga dikoreksi.
   
  Salam
  Kang Santosa


    .

 
 

   

---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.
     
                       

 
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.

Kirim email ke