Laporan pabukon
Ayeuna nuju nyicil meseran buku2 kanggo pabukon Kuningan di lemburna kang
Ndoel tea. Ka kang Ndoel, ukeun alamatna, ke upami tos tilu opat kardus
dikintun via pos ka kuningan, ari kang Ndoel Teja teu tiasa ngangkut bari
ngalongok lembur mah :)


Calon pabukon Sumedang nu enggal, SD Cikareo Wado, tempat ceu Roro Rohmah
kapungkur sakola, bade dikintun sakardus buku carita daerah. Teras kanggo
lembur ambuna Bagja di Ciawi tasik aya sakardus deui, buku2 pertanian. Ke
dikintun via tiki ka jatinangor.

Ka baraya nu rumaos janten kontak person atawa nu kantos jadi seksi ingkig
pabukon dimana bae, tiasa usul kanggo nambih pabukon nu tos aya. Insya Alloh
bade ditambihan.

Sakitu heula


Kirim email ke