Mang, abdi mah teu kantos nyuprih elmu di SD Cikareo I, da abdi mah alumnus SD Angkasa X Halim Perdanakusuma Jakarta (bilih alumnus di milis ieu, wilujeng tepang...) . Etamah SDna pun Bapa, pun Biang & pun adi, sareng kaleresan Kepala Sakolana masih keneh wargi, nyaeta Bapa Iyus Jayusman.
Haturnuhun pisan MJ, kintunan buku kanggo lembur abdi diperhatoskeun. Teu he love ka baraya nu parantos ngiring nyumbang. Mugia katampi sagala kasaean baraya ku Allah SWT, sareng bukuna tiasa mangpaat kangge murangkalih nu maosna. Amin. InsyaAllah pami abdi ka Cikareo-Wado, bade popotoan kanggo buktos yen kintunan tos dugi kalayan katampi salamet dugi ka lembur. ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 07/03/07 10:50AM >>> Calon pabukon Sumedang nu enggal, SD Cikareo Wado, tempat ceu Roro Rohmah kapungkur sakola, bade dikintun sakardus buku carita daerah. Teras kanggo lembur ambuna Bagja di Ciawi tasik aya sakardus deui, buku2 pertanian. Ke dikintun via tiki ka jatinangor.

