kaleresan yeuh... punten ngiringan naros, saleresna ieu teh tos aya kana sabelas tauna yeuh.. saprak kuring di Batam, aya kabiasaan.. meun asalna nu Shalat teh tunggal, teu jadi imam teu oge ma'mum.. terus aya anu nyusul, nepak pundakna tah anu Shalat mimiti teh tungtungna jadi imam.
patarosan abdi, naha tiasa model kitu? sedengkeun pas niat kan sholat keur nyalira teu niat salaku Imam. aya deui, sababaraha ma'mum katinggaleun Shalat jamaah. Imam utama beres tos salam, terus anu sabagean deui sisa... tah anu pang kencana langsung jadi Imam, sedengkeun eta anu jadi imam teh asalna niatna jadi ma'mum. kulantaran kuring teu biasa, nya terus wae teu ngilu ma'mum anu jadi imam tea, tapi neruskeun sisa rokaat anu sorangan. hatur nuhun On 7/4/07, Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
- upami ngan duaan (ma'mum + imam), posisi nangtung sajajar, ma'mum palih katuhu. (sanes dipengkereunanan) - jol aya nu masbuk, ma'mum ditepak, mundur ka pengkereun imam, sajajar sareng nu nembe dongkap - upami ma'mum dongkap masih kenging ngiringan ruku'na imam, dietang sarokaat. Langkung ti eta kedah digentos rokaatna sabada salam. - upami masbuk solat ied, saatos imam takbir, antosan dugi ka seep takbirna, teras ngiringan, takbir 6 atanapi 5 kali (salian ti takbirotul ihrom), gumantung rokaat kasabaraha. - ti mazhab al-Hanabilah, upami masbuk solat ied ngiringan ruku-na, teu kedah digentosan takbir-na. - masbuk solat ied (sarokaat atanapi dua rokaat), takbirna tetep 6 atanapi 5 kali gumantung rokaatna. "Apa yang bisa kamu dapati bersama imam maka shalatlah, sedangkan apa yang terlewat/tertinggal, maka qadha'lah" wallohu'alam. iwan. .

