Kanggo nambih-nambih mangga aya (forum tanya jawab) di :
http://www.syariahonline.com/new_index.php/telusuri/view/ke/all/kategori/all/find/masbuq
hatur nuhun
Kebo
rusdi yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang
ule anu ku pribados di pikahormat:
numutkeun pangaweruh anu ku pribados di agem,
saupamina aya kajantenan samodel kitu nya eta nuju sholat mumfarid/ nyorangan
ujug - ujug aya anu noel ( pameget ) atanapi aya anu nepukkeun talapak panangan
katuhu kana balikna talapak panangan kenca tilu kali ( kaum hawa) tapi sanes
keprok.
aya oge pendapat ku dehem 3X ( eghem) ( pendapat dehem iyeu masih seueur anu
nyangsikeun dalilna.)
tah pami aya tanda - tanda anu samodel kitu : nya teraskeunweh sholatnamah pan
syarat janten imam teu kedah nyebat/ ngucapkeun janten imam
sok sanaos urang tadina ngama'mum
aya oge sebagian ulama anu berpendapat yen mun aya anu nga ma'mum ka urang dina
hate urang nganiatkeun jadi imam supaya kenging pahala berjamaah
tah dina pendapat iyeu mun urang anu jadi imam teu nganitkeun dina hate jadi
imam teu kenging pahala jamaah tapi ari sholatnamah tetep sah asal bener syarat
jeung rukuna.
pami urang sholatna sholat maghrib, Isya sareng subuh maca Al-fatihah sareng
surat anu sejena rada di tarikeun supados kadangu kunu nga ma'mum.
tapi pami sholat dzuhur sareng asarmah biasaweh di ghoribkeun.
waallohu alam mung ALLAH anu langkung uninga.
Sakitu manawi anu tiasa ku simkuring di pedarkeun supados langkung afdolmah
mangga ach ka sadaya wargi kusnet di antos pedaranana
Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kaleresan yeuh...
punten ngiringan naros, saleresna ieu teh tos aya kana sabelas tauna yeuh..
saprak kuring di Batam, aya kabiasaan.. meun asalna nu Shalat teh tunggal,
teu jadi imam teu oge ma'mum..
terus aya anu nyusul, nepak pundakna tah anu Shalat mimiti teh tungtungna jadi
imam.
patarosan abdi, naha tiasa model kitu? sedengkeun pas niat kan sholat keur
nyalira teu niat salaku Imam.
aya deui, sababaraha ma'mum katinggaleun Shalat jamaah. Imam utama beres tos
salam, terus anu sabagean deui sisa... tah anu pang kencana langsung jadi Imam,
sedengkeun eta anu jadi imam teh asalna niatna jadi ma'mum.
kulantaran kuring teu biasa, nya terus wae teu ngilu ma'mum anu jadi imam tea,
tapi neruskeun sisa rokaat anu sorangan.
hatur nuhun
On 7/4/07, Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: - upami ngan duaan (ma'mum +
imam), posisi nangtung sajajar, ma'mum palih
katuhu. (sanes dipengkereunanan)
- jol aya nu masbuk, ma'mum ditepak, mundur ka pengkereun imam, sajajar
sareng nu nembe dongkap
- upami ma'mum dongkap masih kenging ngiringan ruku'na imam, dietang
sarokaat. Langkung ti eta kedah digentos rokaatna sabada salam.
- upami masbuk solat ied, saatos imam takbir, antosan dugi ka seep takbirna,
teras ngiringan, takbir 6 atanapi 5 kali (salian ti takbirotul ihrom),
gumantung rokaat kasabaraha.
- ti mazhab al-Hanabilah, upami masbuk solat ied ngiringan ruku-na, teu
kedah digentosan takbir-na.
- masbuk solat ied (sarokaat atanapi dua rokaat), takbirna tetep 6 atanapi 5
kali gumantung rokaatna.
"Apa yang bisa kamu dapati bersama imam maka shalatlah, sedangkan apa yang
terlewat/tertinggal, maka qadha'lah"
wallohu'alam.
iwan.
.
wassalam:
Rusdi Yunus
Rakyat SUBANG gotong royong subang maju Send instant messages to your online
friends http://uk.messenger.yahoo.com
---------------------------------
Real people. Real questions. Real answers. Share what you know.