bade ngiring ngarewong ah.
  waleran pertarosan anu kahiji
  numutkeun abdi mah, sanaos awalna urang teu niat janten imam ge, ku ditepakna 
(nu sanes nyungkeun urang janten imam) saenyana otomatis janten imam.ku margi 
numutkeun kuring mah bade kumaha oge sholat nyalira mah ukur 1 darajatna. Upami 
berjama'ah mah aya 27 darajat.
   
  Waleran pertarosan ka 2
  Sim kuring oge biasa kitu. mun nu sanes mah seolah-olah ngadamel jama'ah 
baru, pami sim kuring mah neraskeun nyalira. Ku jalaran kuring dugi ka danget 
ieu teu acan kantos maos aya istilah Sholat ngama'mum berantai janten sim 
kuring mah nyandak sikep sapertos anu bieu dijentrekun. Intina mah ngama'mum 
teh ukur sakali we.
   
  baktos
  ahmad

Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            kaleresan yeuh...
  punten ngiringan naros, saleresna ieu teh tos aya kana sabelas tauna yeuh..
  saprak kuring di Batam, aya kabiasaan.. meun asalna nu Shalat teh tunggal, 
teu jadi imam teu oge ma'mum..
  terus aya anu nyusul, nepak pundakna tah anu Shalat mimiti teh tungtungna 
jadi imam.
   
  patarosan abdi, naha tiasa model kitu? sedengkeun pas niat kan sholat keur 
nyalira teu niat salaku Imam.
   
  aya deui, sababaraha ma'mum katinggaleun Shalat jamaah. Imam utama beres tos 
salam, terus anu sabagean deui sisa... tah anu pang kencana langsung jadi Imam, 
sedengkeun eta anu jadi imam teh asalna niatna jadi ma'mum. 
  kulantaran kuring teu biasa, nya terus wae teu ngilu ma'mum anu jadi imam 
tea, tapi neruskeun sisa rokaat anu sorangan.
   
   
  hatur nuhun

 
  On 7/4/07, Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             - upami ngan duaan 
(ma'mum + imam), posisi nangtung sajajar, ma'mum palih
katuhu. (sanes dipengkereunanan)
- jol aya nu masbuk, ma'mum ditepak, mundur ka pengkereun imam, sajajar
sareng nu nembe dongkap 
- upami ma'mum dongkap masih kenging ngiringan ruku'na imam, dietang
sarokaat. Langkung ti eta kedah digentos rokaatna sabada salam.
- upami masbuk solat ied, saatos imam takbir, antosan dugi ka seep takbirna, 
teras ngiringan, takbir 6 atanapi 5 kali (salian ti takbirotul ihrom),
gumantung rokaat kasabaraha.
- ti mazhab al-Hanabilah, upami masbuk solat ied ngiringan ruku-na, teu
kedah digentosan takbir-na.
- masbuk solat ied (sarokaat atanapi dua rokaat), takbirna tetep 6 atanapi 5 
kali gumantung rokaatna.

"Apa yang bisa kamu dapati bersama imam maka shalatlah, sedangkan apa yang
terlewat/tertinggal, maka qadha'lah"

wallohu'alam.

iwan. 


  .

 



  

         

       
---------------------------------
Shape Yahoo! in your own image.  Join our Network Research Panel today!

Kirim email ke