PLTN hade pisan, ngan syaratna nu migawena kudu urang sunda kabeh.. heuheu..
Teu nutup mata, mayoritas urang indonesia pesimis yen bangsa urang can siap make nuklir. Lain pagawean memeh beunta eta mah, ulah lalawora. Hadena mah PLN dibebenah heula sing hade, sahade-hadena. Jiganamah ti luhur ka handap kudu diganti ku urang sunda kabeh.... hihi.. Cikan, nuklir ieu teh memang geus 'mendesak' kitu? teu aya alternatip sanes? misalna geothermal.. aya nu ngartos dina widang ieu? hatur nuhun tos dibandungan.. iwan. mangjamal wrote: > enya, bahaya pisan mun dijieun bom. mun dijieun energi mah hade pisan. > ngan perlu mental waja pikeun ngurusna. reaktorna ulah nepi ka bocor > jsb. kabeneran di KUSnet aya baraya nu damelna mariksa instalasi > nuklir, kang Mike Ontohod. > > ku kuring kungsi di tulis di koran, tah ieu arsipna. > > http://www.kompas.com/kompas-cetak/0702/02/Jabar/9890.htm >

