Teh Roro cikan pilari kanggo si Bungsu asa ku teungteuingeun, manya ukur panyesaan sareng pauurutan wungkul...... dahareun sesa lanceuk, pakean lulungsuran ti lanceuk
Pangalaman pribadi, geura....... tina 6 urang adi lanceuk ngan uing anu teu galing pajar teh cenah tukang ngiritingna tos ka luar tina kandungan ibu atanapi sok disebat anak pulung, sanes putra ibu (da memang istri, kedahna oge putri hi...hi....) Basa lebet ka sakola teu ka TK heula pajar teh budak bungsu mah sok pinter padahal mah seepeun pikeun nu sejen nu langkung luhur sakolana Pedah lanceuk nu limaan tos meujeuhna abring-abringan sareng rerencanganana atuh moal si bungsu teh dibabawa, bakal ngaganggu, cenah kapaksa diasuh ku nu purah mantuan pun biang sadidinten, atuuuuuuhhhhh disebutna teh anak bibi. Basa budak resep pisan ameng jeung budak angon ngarit bari ngala goletrak iimahan di kandang embe bari noongan empos cau cicing hareupeun hawu bari ngabubuy ngala empet-empetan mangsa panen ngangon soang jiga ngangon embe ngojay di jero sumur lain di wahangan disebatna teh..... dasar si BUNGSUUUU.... Naon kasalahan si bungsu? cobi sebutkeun........ da teu aya......... heu...heu... Cekap ah teh Roro manggaaaaaaa ----- Pesan Asli ---- Dari: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Jumat, 6 Juli, 2007 9:08:32 Topik: Re: [Urang Sunda] Cikal Nakal Kang Kebo, abdi gé cikal, asa kasigeung yeuh…heheh…heureuy kétang! Cikal = nya licik, nya nakal. Pantes disebat kitu ogé, da rumaos sok ngalicikan & nganakalan nu janten rai heheh…ieu aya panalungtikan ngeunaan budak cikal…Punten sanés asa aing cikal nyaa…da ieu mah mung saukur artikel, leres henteunama, nyanggakeun. Budak cikal boga IQ leuwih punjul? Kudu sugema mun digubragkeun ka alam dunya jadi budak cikal. Naha? Nurutkeun hiji panalungtikan nu digawéan ku panalungtik ti Norwegia, manusa nu dilahirkeun jadi budak cikal di kulawargana bakal boga IQ leuwih luhur dibandingkeun jeung dulur-dulurna nu sahandapeunana. Panalungtikan nu diiluan ku 250 réwu jelema ieu ngalaporkeun yén pamilon nu dilahirkeun jadi budak cikal meunang peunteun alus pisan dina tes kacerdasan nu dibéré ku panalungtik. “Panalungtikan ieu bisa meunggaskeun pamanggih nu mang taun-taun geus dipercaya ku loba ahli yén urutan (Sundana?) kalahiran sama sakali teu mangaruhan kana kacerdasan jeung ngahontal prestasi,” ceuk jurnal Science. Professor Petter Kristensen, pupuhu panalungtik ngébréhkeun yén loba sababna IQ budak cikal leuwih luhur tibatan dulur-dulur nu séjénna. “Budak cikal biasana meunang perhatian indung bapana ti orok beureum kénéh. Salian ti éta bédana IQ ieu gé alatan basa utun inji ngagedéan dina beuteung nu jadi indungna, jeung kakandungan nu satuluyna, indungna téh ngahasilkeun antibodi nu bisa ngarusksak otak si utun,” ceuk manéhna. Frank Sulloway, ti Institut Penelitian Sosial jeung Psikiatri di University of California, ngarojong hasil panalungtikan nu dilakonan ku Prof. Petter. Malah mah Frank ogé kungsi ngalakonan panalungtikan ngeunaan hubungan pola asuh, kepribadian jeung kacerdasan. Ka koran Inggris, The Daily Telegraph, manéhna nyarita yén IQ nu leuwih luhur di budak cikal bisa kahontal alatan maranéhna ngajarkeun hiji masalah ka adi-adina. “Jeung tambahanana, lolobana barudak cikal meunang tempat nu alus keur kolot maranéhna, heug deuih ngalakonan jadi lanceuk nu asak mikir, disiplin, ngajéntrékeun oge kunaon pangna budak cikal IQ na leuwih luhur,” ceuk Frank (bari heuay…heheh… ) Mugia mangpaat, Kenging niron ti www.connectique. com ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] com.sg 07/05/07 09:49AM >>> Punten kanu ngaraos Cikal, da Cikal di Bakus, Millis Tasik, oge Millis Kuningan mah Cikalna Insya Allah Cikal Bageur. Cag Kebo Hideung - Kawalu Tasikmalaya ________________________________________________________ Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! http://id.yahoo.com/

