tah mun kantos maca buku indonesia menggugat mah nu ditulis ku sukarno tea,
pledoi basa diadili ku walanda pan jelas2 dicontokeun yen boh majapahit boh
sriwijaya teh kolonialis jiga walanda jeung bangsa2 barat lianna (eropa) mangsa
harita, matkna sukarno boga cita-cita nyieun bangsa anyar (bangsa indonesia
tea) nu anti penjajahan... ngan geuning cilakana pas indonesia merdeka mah
soekarno dina ngawangun 'nasionalisme indonesia baru tea' nyoreang nyawang
katukang pang-pangna mah ku alpukahna moh yamin jeung para ahli sajarah mangsa
harita, neangan kareueus di mangsa katukang nya blos na teh ka majapahit jeung
sriwijaya tea nu padahal di taun 1920an tea tos dikritik alias dicawad ku
soekarno... nya ayeuna mah tah kabiasaan agul ku payung butut teh kuduna mah
tos we dikantunkeun... nu penting mah nagara jeung bangsa indonesia hasil
proklamasi 17/8/45 teh rek dikumahakeun tea ceuk neg ika tea mah... naha rek
ngan ukur 'cita-cita wungkul jiga nu aya di pembukaan uud 45' atawa
rek diusahakeun terus supaya ngawujud didunya nyata ayana indonesia nu adil
makmur loh jinawi sepi paling towong rampog teh...????
majapahit sriwijaya oge pajajaran oge mataram jeung karajaan2 feodal
lianna... mah tos we eta mah mung panineungan wungkul.... ceuk simkuring mah
dmar
ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hehehe....cenah mah sakabeh bangsa watak dasarna mah ekspansionis.
Lamun baheula silih jajah silih serang nya da can aya aturan internasional
meureun.
Lamun ngabayangkeun Nusantara jiga Indonesia ayeuna, nya meureun jiga nu
hebat Gajah Mada teh. Tapi pan karajaan baheula teh teu gede, paling oge sagede
Kacamatan meureun atawa karajaan leutik mah sagede Desa ayeuna pusatna.
Lolobana leuweung. Meureun loba keneh nu merdeka tibatan nu dijajah Majapahit.
Paling oge kawasan pesisir di pulau-pulau nu deukeut. Pan Pajajaran oge teu
kajorag ku Majapahit. Komo Sulawesi, Maluku, Papua mah jauh teuing.
Panaklukan lain ku militer atawa peperangan, nya kitu wae diplomasi kawin
mawin atawa dagang.
Jadi keur kuring mah Majapahit, atawa Sriwijaya nya biasa-biasa wae keur
konteks jaman harita mah. Nu penting mah ayeuna Indonesia pasca proklamasi rek
dikumahakeun.
-ika-
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
---
hiji deui kaheranan kuring ka 'urang indonesia', ieu lamun bener majapahit
pernah ngawasa nusantara. naha kudu ngagul-ngagul majapahit. cek kuring mah
majapahit sarua bae jeung walanda, bangsa penjajah .
dh
On 7/10/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Gajah Mada adalah ssok yang saya kagumi. Sepanjang penalaran saya, sulit
saya memahami kerja keras macam apa yang harus dilakukan seseorang untuk
menyatukan seluruh wilayah Nusantara di abad yang notabene belum mengenal
teknologi modern, belum ada kapal bertenaga diesel, belum ada pesawat terbang,
bahkan listrik pun belum ada.
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com
---------------------------------
Get the free Yahoo! toolbar and rest assured with the added security of
spyware protection.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com